|
Benten....kang ceuk sim kuring mah, anu dimaksad ku kang kumi berarti eta jelema nunjukeun sajarah,
nyaeta sajarah turunanana anu direkayasa ku nyalira.
Ceuk simkuring mah kedah aya anu benerna.....nah
anu benerna ieu ngarana naon atuh ? Sesah emang ngabedakeun antara silsilah
sareng sajarah lantaran sok disakompet daunkeun, ngan dina masalah ieu tetep
kudu aya nu ngabedakeunana.......pan bener jeung salah pasti beda lain ?. Anu
dimaksad jejer "Ieu Sajarah atanapi Silsilah", teu aya sanes sami sareng
naros kanu nyerat "Ieu Kabeneran atanapi Bebeneran".
Janten dina masalah ieu mah kirang kumplitna bahasa
indonesia meureunnya ?,ahli bahasa indonesia teh kedah leuwih loba nanglungtik
bahasa Indonesia meureunnya.
TAJIMALELA
----- Original Message -----
Sent: Friday, June 03, 2005 2:23 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Ieu Sajarah
atanapi Silsilah ?
Ah sami wae, Kang. Cinta bae bisa direkayasa, komo deui
silsilah... Kapan tiasa bae hiji jalma ngakukeun turunan raja anu, terus
nembongkeun silsilahna (beunang ngarang), padahal mah ukur
bohong....
iaa
On 6/2/05, Tajimalela <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Upami sajarah mah kumaha anu ngadamel nyaeta anu keur
kawasa mangsa harita, mun nu kawasa mataram sajarah nu kaluar bisa di
pastikeun versi mataram nu ngadamel tea, saleresna mah teu tiasa nyerat
perkawis Pajajaran tapi nu nyerat (kaluar) ti mataram atanapi Demak, sami
wae nyerat perkawis sumedang tapi nu nyerat urang Banten contona, komo
bangsa urang mah (lain US ieu mah) leuwih kana sifat like and dislike
tibatan cinta ka sasama manusa matak teu aneh dina milis sok muncul ego
pribadi.
Upami silsilah mah teu aya intervensi politik boh tina nu
kawasa atanapi secara pribadi ti nu nyerat, janten ampir sami sareng
silsilah turunan pan upami dina silsilah turunan nu sae mah
sanajan jelema rapet jeung lemah tapi lantaran memang turunnana nya tetep
wae gaduh haq, dina seueur pisan ahli waris silsilah nu teu
kacatet.......lantaran tara nyumbang kamuseum meuereunnya ?
hahahaha.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|