Baraya ieu aya resep kueh, hususna kanggo para istri anu sok ngadamel kueh. Tapi pameget oge sigana bakal tiasa ngadamelna da teu patos hese, gampil. Mung punten upami baraya kantos uninga resep kueh ieu, da memang pernah aya dina acara tivi "Oke Rudi" basa kapungkur. Anu mraktekeunana kawawuhan abdi keneh.
Bahan2na nyaeta mung kacang mete, coklat batangan (bade coklat hideung atanapi coklat bodas), gula halus sareng kertas roti.
Perkawis ukuranana eta mah teu langkung baraya. Misalna :
Kacang metena sakilo, coklatna oge kedah sami sakilo. Upami tiasa coklatna anu merek Cholatta, supados langkung raos.
Teras kacang mete eta disiksikan aralit manjang. Tos rengse disiksikan teras dibakar dina loyang sapalih2 dugika warnana kacoklat2an. Tos kitu awurkeun ku gula halus (teu kedah seueur). Parantos rengse ngabakar antepkeun sina tiis kacang metena.
Teras coklatna dilelehkeun, lebetkeun we kacang mete anu kengeng nyingsikan teh. Galokeun sing rata. Teras cetak nganggo sendok dina kertas roti. Ukurana mah teu langkung, bade alit bade ageung oge. Tos dicitak antepkeun sina garing coklatna, mun tos garing angkatan kana keler atanapi toples. Upami salami nyetakan si coklatna rada garing hese dicitak, lelehkeun we deui.
Eh muhun teu hilap, si kacang metena tiasa digentos ku kacang sejen nyaeta suuk.
Sok mangga geura cobian, mun tos ngadamel kintun abdi nya satoples mah....hehehe
 
 
 
Neng Iva
(emut kueh teh emut ka Bu Isye)


Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke