Punten uwa Sas, sim kuring nyuhunkeun no rekeningna, bade di kintun ka uwa heula oge teu nanaon, maksadmah bade ngabantosan sanaos alit oge, karunya meni nepi ka kituna gening di indo mah.
wassalam
msm
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Poe Saptu tanggal 16 Juli 2005 isuk-isuk kurunyung tukang pos masrahkeun hiji surat, rada kandel, dina amplopna teu ditulis ti saha anu ngirimna.Sanggeus dibuka aya surat pondok jeung surat panjang malah dilengkepan jeung lampiranana.Eusina, urang cutat sagemblengna dina basa Indonesia tina surat anu pondok diketik ku mesin ketik manual :Baturaja 12-07-2005.Kepada :Yth Bapak Mamat B SasmitaDengan hormatBapak dan Ibu yang ananda hormatiAkhirnya ananda benar benar tidak diperkenankan ikut ujian nasional tahun ajaran 2004-2005 yang telah dilaksanakan pada tanggal 30 Mei sampai dengan tanggal 1 Juni 2005 karena ananda tidak mempunyai pakaian seragam sekolah dan sepatu, beginilah nasibnya orang miskin, yatim piatu dan tidak mempunyai sanak keluarga seperti ananda ini.Bapak dan Ibu, seandainya Bapak dan Ibu ada belas kasihan untuk menolong ananda, masih ada kesempatan bagi ananda yaitu pada Ujian Nasional kedua (susulan) yang akan dilaksanakan pada tanggal 26-28 September 2005, namun bila Bapak dan Ibu tidak menolong ananda maka pada kesempatan inipun ananda tidak akan diperkenankan ikut Ujian Nasional Kedua tersebut.Bapak dan Ibu, ananda sangat memohon belas kasihan dari Bapak dan Ibu semoga sudilah kiranya Bapak dan Ibu akan berkenan bermurah hati membagi kebahagiaan Bapak dan Ibu untuk menolong ananda, tolonglah kasihanilah ananda. Pak, Bu, ananda sangat memohon.Sembah sujud AnandattdAsmaul Husna.(ieu budak teh awewe da katingali tina ngaran jeung ningali fotona tina fotokopi rapot)ku kuring dibaca surat anu kadua anu panjangna 4 kaca folio make komputer tanggalna 5 Juni 2005 nu ieu mah moal dicutat lantaran panjang tea, atuh urang jojoan bae, manehna teh lemburna ti Desa Malakoni pulo Enggano, kungsi sakola di SMK (SMEA) nepi ka kelas 3 cawu 1, tapi kulantaran euweuh biaya nya teu diteruskeun.Nu jadi bapana jeung indungna geus maraot kaurugan kualatan kajadian lini di Lampung dina taun 2004, sanggeus bapa indungna maot euweuh deui pamuntangan nya ngilu ka babaturanana ka Baturaja Sumatra Selatan, di Baturaja kungsi gawe di pabrik sirop, ngan pabrikna bangkrut, ayeuna sagawe-gawe jadi tukang nyeuseuh jste, bari sagawe-gawe bari ngilu sakola di SMK (SMEA) Gama Baturaja, kungsi teu meunang asup sakola lantaran teu make baju saragam teu make sapatu jste. (moal diteruskeun matak nyeredet kana hate)Lampiranana aya fotokopi raport aya jeung daftar nama anu teu meunang ngilu ujian ti kapala sakola jeung aya deui surat pindah sakola dina catetan aya ditulis diantarana manehna dibebaskeun tina sagala biaya kulantaran kaluarga teu mampuh jeung aya deui catetan nu nyebutkeun kolotna (indung bapana) teh asalna ti Singaparna Tasikmalaya ngan teu dijelaskeun alamat anu jentre.Kuring maca ieu surat asa ngadegdeg, naha aya aturan lamun rek ngilu ujian kudu make saragem jeung sapatu, upamana enya aya, naha teu bisa mere kawijakan keur budak anu teu boga kualatan teu bisa meuli, atawa naha guruna/ kapala sakolana teu ngusahakeun boh panginjeumkeun atawa kumaha bae anu sifatna ngabantu naha nyobaan ngahubungkeun jeung nu mampuh sejena.Dina suratna manehna nyebutkeun keur meuli baju saragem 90rebu, keur sapatu 65rebu rupaih, dina ieu suratna ge nyebutkeun no rekening bank anu kungsi dipiboga waktu digawe di pabrik, ceuk manehna masih keneh bisa dipake, kitu deui nulis nomer telepon kapala sakolana.Kuring ngenes ngan henteu we ceurik kaluar cimata, hate asa disasaak.Kuring jeung kulawarga madungdengkeun ieu eusi surat, sigana nyaho alamat kuring tina koran Kompas, pamustunganana kuring sakulawarga rek mantuan samampuhna, husnudzon bae.Kuring kontak ka babaturan anu jadi "social worker" menta pamanggih jawabanana kacida alusna, mun deukeut mah kudu ditingali ka tempatna heula ambih teu matak cangcaya, kulantaran ieu mah jauh nya kudu panceg we mun rek mere bro bere, lamun moal popohokeun bae.Baraya pangna kuring nulis hal ieu didieu ngan sakadar nepikeun kereteg hate geuning loba keneh baraya urang di suklakna di siklukna anu kacida pisan mikabutuh ku pitulung.MSasmita.
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

