Asep Berlian mah sakaterang kuring ngaran
jalan di daerah Cicadas, tempat uing sakola agama baheula zaman keur olol leho
keneh...
sok inget teh basa dipalak duit ku urang dinya
(duka urang dinya, duka lain ketang...), atuh kapaksa duit bekel ti
dibikeun...
hehehe...
^_^
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, August 23, 2005 1:49
PM
Subject: [Urang Sunda] urang sunda
ngumbara ( zikir di eropa - Asep Berlian )
keur jumaahan di mesjid salman, papanggih deui jeung
babaturan baheula , si Asep Berlian, tapi aya na mah geus hebat euy ,
ngayakeun pameran lukisan jeung peluncuran buku puisi na di hotel
panghegar-bdg.
di uleum ku anjeun na, dongkap weh abdi teh ka acara
pembukaan nana, kaping 17 agt , da iraha deui atuh bisa ulin ka hotel nu
ajreng jiga kitu
pas pembukaan, mani seeur oge nu hadir seniman2
bandung , aya sakeudik kata sambutan ti guru spiritual na Asep , ajeungan
ti cicalengka, nu muka sakola di jl kebaktian, kiara condong, KH
Jalaludin Rahmat. ( mantan dosen fikom unpad )
di ruangan luar
jeung lobi mani se eur lukisan si Asep, aya nu kaharti aya oge nu teu
kaharti gambar naon, tapi rarasaan da asa resep weh ningali na
teh.
ceunah eta lukisan jeung kumpulan puisi teh, hasil lalampahan
anjeuna , di eropa baheula ( th 96-97 )
buku kumpulan puisi na,
dibere judul Zikir di eropa , nya eta eusi na, perenungan anjeun na
,sebagai urang sunda - muslim , nu keur ngumbara di tempat anu teubih ,
alhamdulillah tiasa keneh kaemutan ka gusti nu maha kawasa ( zikir
).
aya nu menarik oge dina salah sahiji eusi puisi na teh,
ngabandingkeun antara kageulisan kasomeahan mojang priangan jeung
european girls ( gadis eropa ) , kajeun se eur manggihan nu garelis,
jangkung bodas , tapi duka kumaha si Asep, emutan nana babalik wae ka
mojang geulis ti bandung , ceunah mah kajeun kumaha , bodas na ,
jangkung na, awewe eropa , tapi tetap nu langkung hebat mah, mojang
priangan ,geus geulis ,bageur jeng someah deui ( tapi ceuk
abdi teh, Sep can tangtu ayeuna, hese pisan neangan nu kitu ayeuna mah
)
( judul puisi na ; antara de el roita gadis italia dan lina herlina
mojang bandung )
wargi sadaya, pameran lukisan teh , sareng bilih
bade ningal buku kumpulan puisi na , masih berlangsung ayeuna, dugi
ka tanggal 31 agustus 2005, di hotel panghegar, jl merdeka
bandung.
sakitu heula nya baraya, wartos na
salam
baktos
Wardi
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|