mmhhh,...MJ,...meni wa'as kuring maos ieu sajak,...bet hayang ceurik,...ambuing,...hikzz,...kuring jadi hayang jadi bapa oge kawas MJ,...hikzsss,..uuhuk uhu,...(nyadak tisu,bari ceurik balilihan....nyengsrotkeun leho)
duapuluh taun kapayun MJ, hikzh,..ieu teh bakal dibaca ku neng tizzy,..ihikz hiksh,..bari manehna teh ceurik balilihan,..hikz.hik...sabab manehna keur dicarekan ku bapana,..hikzss..pajarkeun teh bapana galak cenah..sok nyarekan ka abdi,tizy,..hikzshh,...ari pek mendakan ieu sajak dina arsip milis US,...
"beu, kutan,...geningan pun bapa teh nya'ah pisan ka abdi..da nyarekan soteh keur ngadidik geningan" ceuk tizzy na hate. ambuing,...
teu kiat ah,....mening lunch,...sareng tumpeng ultah neng tizzy,,..bingah ambarwatasuta bingah kagiri-giri....wiskena pihin kinasti keur sang hyang widi....wilujeng neng tizzy,...
 
mang iwa
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

poe ieu
anaking-jimat-awaking milangkala
nu kadua.
panceg.
dua taun kuring jadi bapa.

deudeuh,
hampura mun kuring ngan ukur jadi babapaan
sabab rumasa teu kungsi diajar jadi bapa
ngan nempo aki anjeun ngurus kuring
ngan boga kacinta kaanjeun
nu ceuk kuring bakal jadi modal
miara ngagedekeun anjeun
sabisana

geus dua taun meunang pancen ti Nu Kawasa
gimir minuhan hate,
salempang kamelang salaput hulu,
sabab rumasa teu walakaya

Nuhun Gusti
pancen Anjeun baris ditedunan sabisana
jadi bapana tiziana minerva

du'akeun bapa, neng
sangkan bapa teu salah
ngatik
ngadidik
mikanyaah anjeun

(bapa nu salawasna melang
di pagawean,)

itenas, bandung 15 september 2005
mj

http://geocities.com/mangjamal





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke