sanes haneut deui MH, tapi tos rada harééng.... sakedap deui ge kahuruan jigana mah....
Sapuk jeung kasauran MH, yén dina mosting téh kudu boga nalar pikeun nangtukeun merenah atawa henteuna éta postingan. Nepi ka dibaca dua kali ku uing éta kidung téh. Mimiti maca mah rada kerung, bari gogodeg. Maca deui kadua kali, biasa wé. Dibaca deui katilu kalina, meni hayang nyakakak. nyaan...! Lain rék diapalkeun, tapi hayang nétélakeun éta teh kidung atawa lain. Soal seni, uing teu apal da lain ahlina . Tapi biasana mah, ari nu ngarana seni mah komo pisan anu ngolah kata-kata, samodel puisi, kidung atawa lagu...teu togmol pisan jiga kitu. Sok make siloka, basana endah... tapi "Kidung sawer" ieu mah jéntré pisan nyaritakeunana. Kang Didi, jiga nu dipaparkeun dina "pembelaan dirina" yén dipostingkeun téh puguh hayang apal bener henteuna ieu kidung, nu ceuk béja ti Banten Kidul. Nu maca, puguh we meni curinghak... da vulgar eh..pulgar..ah..vulgar we nya... tungtungna langsung 'ngahukum' nu mosting. heu heu... Punten kang Didi...da émang kang Didi gé salah... kedahna mah dimimitian ku misalna : "Punten, ieu teh aya kidung nu rada silung, ceunah ceuk beja ti daerah banten...cik aya nu terang, leres teu..." Mun kitu mah, jigana dongengna beda. Tapi ceuk paribasa, nasi sudah menjadi bubur. Tapi bubur gé da ngeunah dikécapan mah, komo dipurulukan ku pingping hayam mah... jadi wayahna ka para baraya, mendingan gé ditutup wae wangkongan téh ngarah teu matak jadi pipaséaeun. Munding gé, eh..mending gé silih maklum waé, susu-ganan kahareup mah moal aya deui nu kararieu teh. Begituw.... -ndoell- nagog deui.. --- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hehehe, jigana mah keur usumna nya "haraneut". > > Baraya, Ieu kuring mah rek nyobaan milu "ngacapruk", naon kira- kirana parameter anu bisa dipake pikeun ngalelebah naha hiji tulisan teh "merenah" atawa heunteu dipostingkeun. Meureun kieu, cenah mah najan kumaha wae, hakim nu panungtungan taya lian aya dina panalar jeung pangrasa urang sorangan. Jadi jalur kahiji, ngalelebahna bisa kieu: upama urang boga budak, cik sugan eta tulisan teh naha cocog atawa heunteu upama dibaca ku barudak urang. Jalur kadua, naek ka luhur, cik sugan numutkeun panalar jeung pangrasa urang naha eta tulisan teh cocog pikeun dibaca ku kolot-kolot urang. Sugan kitu oge. Hehehe. > > Wilujeng diskusi "haneut". > > === > mh > > Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Surya sareng Kang Didi (atanapi saha bae nu terang)... > > Abdi mah tibalik, justru hoyong terang kumaha nu peta ti payun ngajelaskeun nilai seni tina pantun(?) nu dikintun tea. > > Soalna asa gampang pisan jelma nyebut "ieu mah seni". Balaka abdi mah teu ngarti kumaha nu siga karitu tiasa "nyeni" (serius Kang yeuh, teu ngarti pisan abdi). > > Mangga ah prung jelaskeun kumaha nyenina pantun eta teh?? > > Baktos > [EMAIL PROTECTED] > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/