Tapi aya sabagian mental barat anu ceuk abdi mah sae diturutan ku urang. Mental/mentalitas mah langkung kana pamekaran2 perilaku. Salahsahijina mental barat anu sae kanggo diturutan misalna terbuka, demokratis nampi sagala rupi kritikan. Teras efisiensi tina hal padamelan, mental barat salawasna sok hoyong maju dina ngembangkeun ilmu pengetahuan jeung mental2 anu sae na deui. Dina kapamimpinan/padamelan, urang barat mah mun tos ngaraos gagal ahirna ngundurkeun diri. Sikap eta langkung terpuji cenah. Beda sareng di urang, pamimpin nu tos gagal, teu bisa mimpin hese diturunkeunana terus we mimpin, padahal pan kedahna gentos kunu mampu.
Asana teh Sutan Takdir Alisyahbana kapungkur nyarankeun urang nurutan kana mental barat sareng pola budaya barat anu antukna seueur nu ngritik. Da pola hirup budaya barat mah asa teu sasuai jeung budaya urang anu sabenerna nya. Jadi aya sabagian budaya barat anu bisa diturutan ku urang dina hal2 tertentu.
Sikap terbuka di urang mah tara di saring heula. Urang mah terbuka teh sagala ditampa teu disaring heula. Teu ningali kaayaan jeung kamampu nyalira. Contoh misalna di malaysia. Pami teu lepat dina soal kapamilikan mobil dibandingkeun sareng di urang, dimalaysia mah aya aturan2na. Atawa siga di korea, anu atos ku baraya dicarioskeun nu tinggal diditu cenah pamimpin atawa urang korea keneh ari nganggo mobil produkna kaluaran korea keneh. Atawa di jepang, najan tos maju ari dina ngadamel bumi urang jepang mah tara kaleuwihan, geuningan meni alalit sederhana. Hal ieu kunaon di nagara sejen bisa kabentuk, bisa aya. Sigana ieu mah hubunganana sareng saurang kapamimpinan nagarana keneh. Pamimpinna bisa ngadamel kabijaksanaan2 jang rakyatna dibarengan ku aturan2. Teu siga di urang, dirasa2 ti jaman kapungkur samodel aya korupsi kunaon tos jadi panyawat seuseueurna urang indonesia, sabab salah sahijina kapungkur teu aya nu ngagareuwahkeun tapi hayoo we diantep kalakuan2 siga
kitu teh. Atawa eta teh emang tos adatna urang indonesia kitu?! atawa tina lingkungan?!. Tapi saurna nuju dijajah ku belanda mah nu namina korupsi teu aya. Berarti ieu aya pangaruhna tina kapamimpinan.
Atawa soal kadisiplinan urang anu tebih sareng nagara batur. Tingal we geura da tos arapal nya kumaha dina lingkungan sahari2, misalna dina kabersihan, tata tertib lalulintas, paboro2 kareta dugika naraek di luhur. Atawa dina soal olahraga we mental urang mah teu sportif jeung seueur deui.
Ari ayeuna mental anu diperyogikeun ku urang salaku rakyat naon nya. Sigana kedah gaduh mental baja sabab rakyat tos diguling kaditu kadieu......heuheuheu
(meni matak nyayat kana hate ayeuna rakyat indonesia jumlahna nambah dina soal gangguan jiwa/mental)
Tos ah ieu ngetik duka nyambung duka henteu, da bari lulungutan sareng katirisan.....hehehe
Neng Iva
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ke..ke...ke..., asana teh "rada cawerang" tah seratan
dihandap nganbandingkeun Barat sareng Timur, teras
nyimpulkeun antawis mental abad kea-19 sareng abad ka
21.
Anu "katangkep" ku kuring mah resensi buku Mahbubani
teh ngangge "peso" analisa materialisme/kabendaan, anu
salah sahiji tolok ukurna teh kasejahteraan/kamakmuran
masyarakatna dina widang kebendaan. (Hiji kamajuan anu
sifatna "Semu".) Dimana "ujung-ujungna" ngunggulkeun
paham liberalisme anu tos ngajadikeun Barat jadi
kolonialisme, ngeduk kakayaan sumberdaya alam ti
nagara jajahan (Kalebet Jepang). Atuh puguh wae,
nagara-nagara Timur pasti moal tiasa "ngudag" naon anu
tos dihontal ku nagara-nagara Barat.
Ayeuna kabuktosan, yen paham liberalisme teh, GAGAL
ngajadikeun penduduk dunia sejahtera sacara merata.
Naha paham siga kitu, anu bade dituju ku nagara-nagara
berkembang?
Aya deui tesis anu ngagugurkeun paham liberalisme anu
paling unggul. Geuningan di Amerika, nuju majeng pesat
semangat mempelajari ajaran Agama Islam. Ceuk dina
Koran "Rakyat Merdeka" dinten ieu, salah saurang
profesor ti Harvard University, ngaramelkeun dina taun
2010 urang Islam di Amerika tiasa ngunggulan penganut
agama Yahudi, janten agama nomor dua anu diagem ku
penduduk Amerika.
Tah ayeuna, meungpeung nuju dina sasih saum, mangga
atuh 'serap' semangat ajaran agama Islam, supaya teu
"eleh" deui ku bangsa Barat.(lamun ditingali tina
sudut "Kabendaan" mah, naha make kudu nyiksa diri
puasa sagala, matak leuleus awak wae).
Panutup ti kuring, aya pakar anu kantos ngarumuskeun
hiji pendapat, anu unina kirang langkung kieu. Lamun
urang Timur hayang maju, mangkahade sing pageuh ngagem
ajaran Katimuran. Lamun bangsa-bangsa Timur
"ngudag-ngudag" ajaran bangsa Barat, pertanda rek asup
kana jurang "kahancuran".
baktos,
mrachmatrawyani
--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya, ieu aya resensi buku tina Kompas poe kamari,
> terjemahan ti Asian
> Think's karya Mahbubani diterbitkeun ku Mizan. Aya
> narik tinu nu nulis
> resensi ieu buku, soal urang indonesia kudu bebenah
> ninggalkeun mental
> abad ka 19 jadi mentalitas abad 21.
>
> Nyanggakeun!
>
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> Bangsa-bangsa Asia Butuh Mentalitas Baru
>
> Judul buku ini memang amat provokatif dan terkesan
> mengejek. Pengarangnya lebih mengambil
> sudut-pandang
> negatif. Menjadi berbeda misalnya apabila
> dibandingkan buku Anwar Ibrahim yang banyak
> bercerita
> tentang Asian Renaisance, eksotika, dan kekuatan
> nilai-nilai Asia (Asian values).
>
> Membaca buku ini, pembaca segera dihadapkan pada
> kesan
> memang Asia punya nilai-nilai, tetapi nilai-nilai
> itu
> tenggelam segera bila dibandingkan dengan
> kemajuan-kemajuan Barat. Buku Mahbubani memang
> membandingkan antara Asia dan Barat.
>
> Bagi pembaca Indonesia, hal demikian mengingatkan
> pada
> polemik pemikiran Sutan Takdir Alisjahbana (STA)
> tempo
> dulu. Pada tahun 1930-an, ia pernah berdebat soal,
> apakah kita harus meniru budaya Barat. STA menjawab
> tegas, kita harus menyerap budaya Barat kalau mau
> maju. Sedangkan yang lain, Purbatjaraka, misalnya
> sebaliknya: nilai-nilai Timur harus kita gali dan
> kembangkan.
__________________________________
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

