Kaula acan ka sebut :)

On 11/9/05, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..

Taqaballalahu Minna Wa Minkum Shiyamana Wa Shiyamakum..
Minal Aidin Wal Fa'Idzin...

Wilujeng Boboran Siam
mugi dihapunten samudaya kalepatan, nu alit, nu ageung
nu teu dihaja, komo nu dihaja mah...
pliiiis baraya... pliiis....


Baraya Kusnet sadayana,

Dina raraga boboran siam 1 syawal 1426 Hijriah,
dibéwarakeun deui ka anu teu acan uninga, anu hilap,
yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2005
nu Insya Allah badé diayakeun dina :

Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 26~27 Nopember 2005
ngawitan tabuh 08.00 énjing dugi ka lekasan
di Villa Batan, Kota bunga, Cipanas - Puncak
(peta lokasina mah disusulkeun...)

Acara :
  - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
  - Hiburan & Kaulinan
  - Kongres
  - begadang bari siduru, meuleum jagong....asik wé lah...

Anggoan : Santéi wé, nu gaduh kaos Kusnét mangga dianggo,
          pami teu gaduh, di lokasi HBH ogé aya nu icalan.
          mésér wé nya....!

Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét,
sareng kulawargina, sareng ageung nu dipiharep kana kasumpingan
sadayana dina waktosna.

Haratis / teu kedah mayar.

Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.


Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.


-Ndoell-
Panitia (hususon tukang wawar)

hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED]




* PENTING !!! *
---------------

Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala
rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa
ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél :
[EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka milis :


FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2005
26~27 Nopember 2005

Ngiringan : Bade / Moal (*pilih)

Nami :.....................................................
Padumukan :................................................
I-mél :....................................................
No. telpon / Hapé :........................................
Ngiring mondok : Ngiring / Moal (* pilih)
Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
Kendaraan : Motor / Mobil / Umum


********************************************************************



----------------------------------------------------------------------
----
Informasi nu sanésna :

* Tempat Halal Bihalal *
------------------------
Lokasina kirang langkung 2.5 KM ti Cipanas
500 meter ti jalan raya, tiasa mapah/nganggo kendaraan
Parkir kanggo 15 mobil, aya lapangan Tennis,
Lapangan Badminton sareng Tenis Meja.
Nu bade ngojay tiasa ka Kota bunga (500 meter ti lokasi)
Disayagikeun 4 Cottage @4 kamer (total 16 kamer) kanggo baraya nu
ngabantun kulawargi + 1 cottage anu tiasa nampung dugi ka 50 jalmi.



*Bazaar*
--------
Baraya Kusnet/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnet
nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri
kanggo konfirmasi.


*Door Prize*
------------
Disayogikeun Door Prize kanggo baraya nu sumping.
Bilih aya nu bade nyumbang kanggo Door Prize mangrupi barang
mangga ngajapri kanggo konfirmasi.


*Sumbangan*
------------
Bilih aya nu bade masihan sumbangan disayogikeun kotak sumbangan,
atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo konfirmasi.


* Susunan Panitia Halal Bihalal*
--------------------------------
- Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja
- Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Maman Gantra, Kang Tirta
Wijaya
- Pupuhu : Kang Akos Kosasih
- Tukang Cutat-catet : Kang Ikmal, Teh Tia
- Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim
- Tukang Wawar  : Kang Nanang, Kang Runa Inawan
- Nu ngurus Acara : Mang Oman, Teh Nenny "Ambu", Kang Hendri
- Em-Si : Kang Gunawan Yusuf, Kang Casnan, Kang Taopik
- Nu ngurus katuangan & leueuteun : Kang Surya, Teh Ani, Teh Iva, Teh
Pupi, Teh Mia, Teh Anna
- Nu ngurus Akomodasi/peralatan : Kang Rezza, Kang Dudi, Kang Hendra
& Kang Yayan
- Tukang pilem & motrét : Kang Rachmat Rawyani, Kang Hari "Bowie"
Wibowo
- Nu ngatur Olah raga/Kasenian : Kang Tantan, Kang Irfan, Kang Dadang
& Kang Herdiansyah
- Tukang Angkag-ingkig : Kang Kumi, Kang Cepi, Kang Romi & Kang Adeng


* Anu parantos ngintun Konfirmasi diantawisna :
-----------------------------------------------
- Kang Roisz, Bandung, 1 dewasa
- Kang Iim, Bandung, 1 dewasa
- Teh Mia, Bogor, 3 dewasa
- Kang Soni Rosa, Bandung, 1 dewasa
- Kang Kamal Idris, Jakarta, 3 dewasa + 1 murangkalih
- Kang Didi Ustad Leboy, Jakarta, 2 dewasa + 1 orok
- Kang Ato Riyanto, Bandung, 2 dewasa + 1 murangkalih
- Kang Ayub Sobandi, Bandung, 1 dewasa
- Kang Kumincir, Bandung/Jkt, 2 dewasa
- Kang Gunawan Yusuf, Serang, 2 dewasa + 2 murangkalih
- Kang Asep Hendra, Jakarta, 2 dewasa + 1 murangkalih
- Teh Lia Indriati, Jakarta, 1 dewasa
- Kang Deny Suwarja, Garut, 3 dewasa + 3 murangkalih
- Agus Paku, Jakarta, 2 dewasa + 1 orok
- Kang Wildan Thoyib, Surabaya, 1 dewasa
- Kang Asep Kusmayadi, Bekasi, 2 dewasa + 2 murangkali
- Kang Irfan Amalee, Bandung, 2 dewasa + 1 murangkalih
- Kang Romi Cahyadi, Bogor, 2 dewasa
- Kang Amien, Bogor, 2 dewasa + 1 murangkalih
- Kang Yayan Mulyana, Bogor, 6 dewasa
- Kang Nana Munajat (Galura), Bandung, 1 dewasa
- Uwa Sasmita, Bandung, 5 dewasa + 1 murangkalih
- Teh Tien, Surabaya, 1 dewasa
- Kang Rachmat Rawyani, Depok, 2 dewasa + 2 murangkalih
- Mang Jamal, Bandung, 2 dewasa + 1 murangkalih
- Kang Hilwan, Sukabumi, 2 dewasa
- Teh Titi, Cikarang, 1 dewasa
- Teh Pujiastini, Bandung, 2 dewasa + 2 murangkalih
- Kang Eko, Bogor, 2 Dewasa + 1 murangkalih
- Kang Dudi, Bogor, 1 murangkalih nu tos dewasa
- Teh Tia, Depok, 1 dewasa
- Kang Bowie, Tangerang, 4 dewasa + 4 murangkalih
- Teh Ela Nurlealasari, Bogor, 10 dewasa (wanoja sadaya ehm...!)
- Kang Hendra, Bogor, 2 dewasa
- Kang Indra, Bandung, 1 dewasa
- Bah Willy, Bandung, 4 dewasa + 4 murangkalih
- Kang Joni Wirawan, Jakarta, 2 dewasa
- Kang Tito Suryana, Surabaya, 2 dewasa
- Kang Hasan Supriadi, Jakarta, 1 dewasa
- Teh Dini Harmita, Bogor, 5 dewasa
- Kang Atet, Bandung, 1 dewasa
- Kang Sudirman Adibrata, 1 dewasa
- Kang Osman, Jakarta, 2 dewasa + 2 murangkalih
- Teh Ina Ratnawulan, 2 dewasa + 2 murangkalih
- Teh Linda, bandung, 1 dewasa
- Kang Cahya A. Gumilar, Bandung, 2 dewasa
- Kang Gilly Prayoga, Bandung, 2 dewasa
- Kang Agus Viking, Bandung, 2 dewasa + 1 murangkalih
- Oom Teddy, Subang, 2 Dewasa


Jumlah   :  110 Dewasa + 35 murangkalih = 145
Panitia  :   36 Dewasa + 11 murangkalih =  47 (perkiraan)
--------------------------------------------------------
Total    :  146 Dewasa + 46 murangkalih = 192 jalmi

Nu ngabantun mobil : 18


ka anu tos konfirmasi tapi teu kaabsén,
mangga ngacung..tapi tong luhur teuing nya...


- Hatur nuhun ka anu parantos ngintun Konfirmasi badé ngiringan

- Hatur nuhun ogé ka anu parantos ngintun Konfirmasi moal ngiringan

- Hatur nuhun pisan ka anu tos konfirmasi badé nyumbang Door Prize
  sareng badé nyumbang tuangeun. Saha deui ?
  Mangga ngajapri...


---..tos ah meni ngagebai tuda..






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/






--
=================================
"Agus K. Pakusarakan"
Council King Empire of Pasundan
- King of Priangan
- King of Cirebon
- King of Banten
- King of Bogor raya
---- Azzo Genuine Leather -----
Terima pesanan, Jeket, sandal, sepatu, tas dll (kulit)
Order call --> 08128377662
----------------------------------------
PT. Smarthub Technologies
-solusi sistem informasi yang tepat dan akurat-

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke