Punten bade ngiring ngeusian .. manawi aya manfaatna kangge balarea
 
* Wasta: Neni Hendrayani
* Nenehna: Bi 'Nie, Teh Nenong
* Alamat/ID di alam maya (pami aya, YM, alamat surelek/e-mail, ramatloka/website, jsb.):
   Email : [EMAIL PROTECTED] , [EMAIL PROTECTED]
   YM na : h4neni
   Website : http://nenden.multiply.com
* TTL: Bandung, 18 Agustus 1979
* Kawit: Kampung sapan ciparay, bandung selatan
* Padamelan: Kantos jadi tukang tulas tulis administrasi di pabrik anduk di majalaya salami 2 taun teras janten tukang grafis dikoran Harian Pagi Batam Pos ti sasih okotber 2004 dugi ka ayeuna
* Kasang tukang atikan & bibit buit:
   SD sareng SMP nagri di lembur, teras SMU na di nagri keneh ngan ayana dikota kacamatan di ciparay tea..
teras kuliah cenahmah di IGI UNIKOM Bandung ngan nyandak D3 jurusan Desain Grafis & Publish tapi geuningan upami di piawarang ngagambar meni hararese da eta langki latihan seu'eur hoream na..  
 
Ieu mah pikeun ngabantu kana jejer lalakonna, teu langkung ari guluyurna mah:
* cukang lantaran ngumbara
   * geus sabaraha lila ngumbara
* aktivitas/kagiatan

ngawitan niat ngumbara teh tos ka pikiran basa nuju sakola smun keneh, da puguh teu niat bade kuliah da puguh
karunya kanu janten kolot anu ngan saukur guru sd da pun biangmah teu gaduh padamelan salian ti ngurus abdi
sareng raka raka abdi.
saatosna tamat ti smun taun 97,  ku pun bapa di paksa kedah kuliah. Da puguh teu lebet tea umptn na niat kana kuliah teh bedo deui tapi pun bapa keukeuh maksa, nya tungtungnamah milih di tempat eta we da katarik ku jurusan nana.
saatosna lebet kuliah saminggon teu disangki pun bapa ngantunkeun, tapi alhamdulillah kuliah teh tiasa diteraskeun, eta ge hasil kesang badag kesang lembut pun biang dadagangan dibumi. basa tengah tengah kuliah aya niat bade mogok kuliah, bade nekad keukeuh ngumbara ka batam, ngan pas di pikir2 maenya bade
ninggalkeun kuliah sakitu indung tos ngaluarkeun biaya anu teu sakedik.
tamat kuliah teh dina tungtung taun 2000 teras nganggur 6 sasih tos ngalamar kaditu kadieu teu katampi bae tapi kekeuh keneh niat ngumbara ka batam mah aya keneh, duka kunaon atuh.
Satosna di idinan ku pun biang ge sanaos rada beurat ge, ngan teu lami tidinya teras katampi damel janten tukang adm di pabrik anduk di majalaya, nya dikeureuyeuh we sanaos gajina alit ge, nu penting mah teu nganggur saur pun biang teh caket sareng kolot deuih. 2 taun ngeureueyuh damel teras kaluar ngundurkeun diri da puguh teu damang tea, dugi ka kedah berobat salami 6 sasih dina agustus 2003. sataun abdi nganggur deui.
Tidinya abdi ngaraos bosen dibumi wae, komo ninggal kaayaan jalmi jalmi dilembur anu asanateh kitu keneh kitu keneh, teu aya perobihan nana ti jaman firaun keneh (paripaosna) dugi ka jaman kiwari teh ngan nguluwut we dilembur ngantosan pos kamling atanapi nalangkring di sisi jalan ti enjing enjing dugi ka poek teh teu aya
perkembangan nana pisan.
Sareng deuih abdi hoyong pisan ngaraosan kumaha ari mandiri teh, teu nyesahkeun deui nu janten kolot keur mah kolot teh ngan ukur sabeulah deui. sareng deuih hoyong ngabuktoskeun kanu janten kulawarga sanaos abdi anak bungsu tapi alim janten anak bungsu anu ogoan deui,tiasa hirup mandiri.
Atuh dina hiji poe nekad nyarios ka mamah bade ka batam, da keurmah aya rerencangan ameng nu salembur keneh nu tos kinten2 9 taunan linggih di batam, nya bari sareng kirang nyatujuan ge tungtungnamah di idinan we abdi nyalira angkat ka batam dina kaping 30 agustus 2004 abdi angkat ka batam tapi dugi ka batam teh teu ujug ujug damel, kaditu kadieu masihan lamaran tapi tiap di interview teu aya nu lolos. Saatosna 2 minggon langkung di batam teras di candak ku wargi abdi nu ayana di pulau bintan di kota tanjung pinang. salami 2 minggon langkung di tanjung pinang abdi
masih rajin ngintunan lamaran ka batam sanaos tos di lebetkeun damel oge ku wargi teh di lobam kantun ngantosan panggilan wungkul, (mun janteh teh pasti tepang sareng kang ule nya he he untung na we teu janten)
dina dhiji dinten sabtu ngahaja ngagaleuh koran batam pos, teras ninggal lowongan janten tukang grafis di koran eta teh, abdi ngemut salami kuliah nu diajarkeun teh elmu grafis ieu kasempetan kangge abdi ngembangkeun elmu, atuh uih deui ka batam nyalira masihkeun serat lamaran da saratna kedah di jajapkeun nyalira ka kantor
batam pos na, singkat carios nya ditampi lamaran abdi dina sasih oktober 2004. Sanaos ngawitan namah asa culang cileung geuningan pas lebet damel teh geuning pameget wungkul di bagean pracetak koran teh sareng damelna wengi bae, tapi di keureuyeuh we da niat teh milari pangalaman da geuning saprak tamat kuliah teu
acan pernah damel anu sesuai sareng jurusan tea.. dugi ka danget abdi nyerat pangalaman ieu masih keneh damel di batam pos janten tukang grafis.
Alhamdulillah tos sataun langkung abdi ngumbara di batam tos 2 kali ngalaman lebaran, teu acan kantos uih sakali kali acan ka lembur dugi ka abdi nyerat ieu dina sasih desember 2005 kaping 12 wengi , ayeuna tos tiasa ngaraoskeun
kumaha peurih sareng senangna hirup mandiri teh, tebih ti kolot sareng dulur lieuk kaditu deungeun dengeun lieuk ka dieu deungeun deungeun. Disabar keun ieu hate sangkan kiat dina ngajalankeun nana tong dugi ka nembe saelol dipangumbaraan ujug ujug aya paniatan kabur deui ka lembur.


kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalaamu'alaikum!
Sampurasun!

Kumaha baraya daramang?

Baraya, dina raraga ngararancang buku Kusnet katilu anu-sugan jadi-jejerna ngeunaan "Urang Sunda Ngumbara", simkuring seja umajak ka baraya sadaya, utamana anu ngalumbara (boh nu kiwari masih ngumbara atawa nu tos mulih deui), boh di luar negri (misalna di Timtim, hehe...) atawa masih di Indonesia keneh, supados medar lalakon, kumaha asal-usul ngumbarana, dina raraga naon, pangalaman naon bae nu karandapan, jeung sajabana.


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke