|
Anu dipikaijid ku
pamajikan
- Dicandung
- Salaki beger deui
- Manggihan SMS mesra tina henpon salaki, narima
telepun anu rada genit, ti istri nu teu dikeunal
- Dibohongan kunu jadi salaki
- Salaki indit ti imah teu bebeja heula kanu
jadi pamajikan
- Salaki hoream mun dipenta tulung nganteur ka
Toserba/Mol
- Salaki loba nitah, padahal apal pamajikan keur
rariweuh ku budak atawa pagawean
- Salaki indit-inditan leuwih ti tilu poe (komo mun
inditna jeung babaturan kantor salaki nu istri)
- Salaki horeaman mun dititah nyekel
budak
- Salaki resep bagadang, ngaronda, komo bari "maen
kartu"
- Salaki nu teu balaka kana jumlah panghasilan
(resep nyimpen "Duit Jalu")
- Mun seug manggihan istri nu rada herang di jalan,
salaki sok culang-cileung
- Salaki nu sok moyok (terus terang teuing) kana
waruga nu jadi pamajikan
- Salaki nu sok moyok kana pasakan
pamajikan
- Salaki nu tara mere komentar, mun pamajikan tas
dangdan (berhias diri)
- Salaki nu sok ngadongengkeun kabogohna basa
baheula
- Salaki nu sok embung ngombehan budak,
ngabajuan/nyalanaan budak mun tas BB atanapi tos ibak
- Salaki nu tara daek ngahuapan budak
- Mun pamajikan keur geuring, tara
diperhatikeun
- Mun Pamajikan keur geuring embung ngejo-ngejo
acan, komo kukumbah piring jeung nyeuseuh mah
- Salaki nu tara ngarti (sok mamaksa) mun pamajikan
keur "Hoream"
- Mun pamajikan keur "Hayang" salaki sok
pura-pura sare tibra.
- Salaki nu koret
- Salaki nu sok embung ngelehan (egois)
- Salaki nu sok ngomongna sa bedug
sakali
- Mun dititah balanja sok tara tuwar-tawar, komo mun
seug pelayana bahenol,
- Lah..pokona mah loba keneh......sok
teruskeun.....................
Kebo Hideung
Tasik
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajikan kebohideung
-