|
28.
Salaki nu
sok nganterkeun babaturan kantor,
terutama pagawe istri. Sok lah…. -----Original Message----- Anu dipikaijid ku pamajikan 1. Dicandung 2. Salaki beger
deui 3. Manggihan
SMS mesra tina henpon salaki, narima telepun anu rada genit, ti istri nu teu
dikeunal 4. Dibohongan
kunu jadi salaki 5. Salaki indit
ti imah teu bebeja heula kanu jadi pamajikan 6. Salaki
hoream mun dipenta tulung nganteur ka Toserba/Mol 7. Salaki loba
nitah, padahal apal pamajikan keur rariweuh ku budak atawa pagawean 8. Salaki
indit-inditan leuwih ti tilu poe (komo mun inditna jeung babaturan kantor
salaki nu istri) 9. Salaki
horeaman mun dititah nyekel budak 10. Salaki resep
bagadang, ngaronda, komo bari "maen kartu" 11. Salaki nu
teu balaka kana jumlah panghasilan (resep nyimpen "Duit Jalu") 12. Mun seug
manggihan istri nu rada herang di jalan, salaki sok culang-cileung 13. Salaki nu
sok moyok (terus terang teuing) kana waruga nu jadi pamajikan 14. Salaki nu
sok moyok kana pasakan pamajikan 15. Salaki nu
tara mere komentar, mun pamajikan tas dangdan (berhias diri) 16. Salaki nu
sok ngadongengkeun kabogohna basa baheula 17. Salaki nu
sok embung ngombehan budak, ngabajuan/nyalanaan budak mun tas BB atanapi tos
ibak 18. Salaki nu
tara daek ngahuapan budak 19. Mun
pamajikan keur geuring, tara diperhatikeun 20. Mun
Pamajikan keur geuring embung ngejo-ngejo acan, komo kukumbah piring jeung
nyeuseuh mah 21. Salaki nu
tara ngarti (sok mamaksa) mun pamajikan keur "Hoream" 22. Mun
pamajikan keur "Hayang" salaki sok pura-pura sare tibra. 23. Salaki nu
koret 24. Salaki nu
sok embung ngelehan (egois) 25. Salaki nu
sok ngomongna sa bedug sakali 26. Mun dititah
balanja sok tara tuwar-tawar, komo mun seug pelayana bahenol, 27. Lah..pokona
mah loba keneh......sok teruskeun..................... Kebo Hideung Tasik
|
- RE: [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajikan Yosep Hania
- RE: [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajikan Cecep Wahyu
- Re: [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajikan indung peuting
- Re: [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajikan titof
- Re: [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajikan indung peuting
- Re: [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajika... tantan hermansah
- Re: [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajika... JajaKahyangan
- Re: [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajika... titof

