karajaan atawa feodal tea tiasa janten ngangge sistim nu sami, siga turunan tea. aya istilah baron, lord, sir, count, jeung sajabana. di urang kantun ganti ngangge basa sansakerta atawa kawi.
hal sanesna, dina soal budaya, bangsa deungeun mah tos rada maju. da naskah2 nu diurang baheula kapendak teh lain dirampas dina harti dipaok, tapi meureun diamankeun, disalametkeun, ayeuna masih aya di KITLV atawa tempat sanesna. mun aya di urang paling diampihan di arsip nasional perpus bari jeung teu kaurus tea.
On 4/3/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh, Walanda baheula waktu ngajajah urang pinter pisan. Maranehna teu
ngarobah sistem, tapi sistem anu aya ku maranehna diadopsi. Waktu
Priangan "dipasihkeun" ka Walanda ku Mataram, para pangawasa di
Priangan teu dipecatan ku Walanda, asal ulah barontak we. Jadi ngan
saukur robah dunungan, tadina "ngawula" ka Mataram ayeuna ka Walanda.
Jadi menak teh memang turunan ti pangawasa baheula. Pangkatna diturun-
tumurunkeun. Tapi walanda ge henteu kitu wae dina ngangkat pagawena,
lamun turunan menak ieu "nu teu kapake" mah, nya cekap ngan saukur
gaduh gelar "Raden" wungkul. Tapi upama menak kaanggo ku Walanda
pangkatna naek, gelarna oge tambah, Aria, Adipati sareng Pangeran.
Bupati Bandung nu dianggap boga jasa dina ngawangun Bandung gaduh
gelar "Raden Aria Adipati" Martanagara. Gelar Aria sareng Adipati,
saleresna gelar pangkat, dibisluitan (nganggo SK) ti pamarentah
Walanda.
Walanda oge ngahormat kana kakahotan hiji daerah. Sumedang nu
baheulana karajaan, tetep dianggap kabupaten "kolot". Gelar bupati
Sumedang, langkung luhur, gelarna "Pangeran" (sami ieu oge
dibisluitan).
Tah eta salah sahiji nu matak Walanda bisa ngajajah 350 taun teh......
Baktos,
WALUYA
--
geocities.com/mangjamal
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

