Hue…he…heh…ari si Akang, pan saur abdi ge,”tips” sanez resep…

Resep rupi2 Ndog mah naroskeun ka Cep Google atanapi Neng Googlewati, sok geura ngaburulu.

Sapuk Kang Ibnu, anak kos mah "wajib" aya kecap, uyah, sambel & saos, teu aya rencangna ge nyaa...lumayan dari pada lumanyun...

Leres saur Kang Ndul pameget mah tong lieur2 ngemutan masak, gampil keneh mezer kantun blewek…wareg…euuugg…terabbb!

 

Anak kos mah biasana ge sok ngemih sanes? Nya siapkeun we atuh saminggueun :

Senen : Indomie

Salasa : Supermi

Rabu : Mi Sedap

Kamis : Salami

Jum’at : Mi ABC

Sabtu biasana sok hoyong selera Padang tah nganggo Mi Kare…nu kuahna kuled ku bumbu.

Minggu sok resep udar-ider tah bekel we Pop Mi ateuh…. Heheh.

 

Baraya, sok ngadangu resep buhun namina “Kuah Meong”. Pami pun Nini teu kabujeng masak anjeuna the sok ngadamel Kuah Meong, siganamah cocok kanggo anak kos. Kunaon disebat Kuah Meong, saurna the pami meong dipasihan etah kuah bakalan sedepeun….gampil pisan masakna.

 

Bahan :

Sapanci cai bersih, uyah sareng pecin.

 

Carana :

Gulakeun cai na panci, tos ngagulak , purulukan uyah sacekapna, pecinan, pidangkeun….mudah bukan? Eh, gampil sanes? Heheh…

 

Nu nembe mah resep buhun pisan, pan ayeunamah seueur bumbu masak siap saji. Pami hoyong nu rada raos tong ku uyah tapi ku Masako, Royco atanapi bumbu masak sanes nu rasa Sapi atanapi Hayam, tambihan wortel, seledri, kentang, buncis, janten we sayur sop…komo bari ditambihan ku kerewedan mah, pedo pisan….hihih.

 

Sumangga geura praktekkeun Kang… pami tos asak kade tong he love kintunkeun saencret mah ka Bandung...nya... :)

 

cr



>>> [EMAIL PROTECTED] 04/18/06 09:30AM >>>

Kumaha ieu the hanas dibaca resep masak endog da kuring oge budak kos, bet pabaliut carita kepiting sagala teu nyambung mana resepna........ieu tehhhhh

 

Aduh lamun ceuk tukang ng"o"r"o"ng duka lebet kana naon narasi atawa roman atanapi naon

 

Pundung ieu mah...........

Pokokna mana resep masak endog-na, sim kuring oge bade di ajar masak endog

 

Resep......resep .....resep

 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke