Sapagodos sareng siabah, heureuy kuring dina keom sakedap ( cenah keur
diedit) ge diselapan
heureuy haji, eusina kritik sosial saperti aya saurang haji mun nyalukan
anjeunna teu diimplik implikan
kecap haji tara nembalan, tapi sabalikna mun aya kecap kang hajian, wa
hajian, pa hajian, ngadadak
langsung darehdeh. Atawa ibu ibu bakating ku hayang disebut Bu haji, make
kurudung, tasbeh dina leungeun
ngagebay, pas aya nu ngamen, golosor mere duit jeger rebuan. Bakating ku
atoh nu ngamen meni sababaraha
kali nyebutna "hatur nuhun bu haji!" Padahal siibu can sakali kali acan
indit ka Mekah.

Akang haji sorban palid
Palidna ka kadungora
Akang haji kunaon teu balik
Boa enya keur di nungora
sr

----- Original Message -----
From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, April 27, 2006 10:16 AM
Subject: Re: Balasan: [Urang Sunda] HEUREUY HAJI !


> Kang Emod anu Lucu sareng Kang Edi, saleresna ieu "heureyy Haji" teh
> (ngaheureuykeun Haji) geus ilahar diurang. Malah salah sahiji lagu
> Sunda nu populer oge, dijudulan "Sorban Palid", sanajan lirikna mah teu
> ngaheureuykeun Haji, tapi tetep jadi patarosan, naon maksudna kecap-
> kecap: "Kang Haji sorban palid", naha henteu Kang Lurah wae?



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke