Leres pisan Teh Ika, Kang Deny van Garut parantos nyanggeman
pikeun janten tuan rumah HBH Kusnet 2006 & Pasanggiri.
Alhamdulillah....sareng hatur nuhun sateuacana.
Baraya sadaya,
Kanggo bahan pertimbangan, nyanggakeun hasil kempelan
Kopdar ping 19 Maret 2006 anu kalangkung dibumina Teh Tia di Depok,
hususon ngabahas ngeunaan rencana Halal Bihalal & Pasanggiri.
Ideu sareng pendapat-pendapat ti anu haladir diringkes :
Pasanggiri & HBH
----------------
Kumargi pasanggiri nu bade dilaksanakeun teh ngarupakeun
nu munggaran, ngarah prak-prakanana langkung "intensif", fokus,
sareng kahontal, Pasanggiri bade diayakeun di wilayah lokal heula.
Satadina mah pan keur wilayah Jawa Barat & Banten, mung
mempertimbangkeun kendala-kendala nu aya utamina masalah
waragad anu teu cekap sakedik, janten ieu mah etang-etang "Test Drive"
keur Kusnet pikeun ngayakeun ieu acara. Upami acara ieu
sukses, manawi taun-taun nu bade dongkap, tiasa diayakeun
kanggo wilayah anu cakupanana langkung luas.
Janten, misalna pami bade ngayakeun HBH-na di Bogor, Pasanggirina
oge kanggo tingkat SD/SMP sa-Kabupaten Bogor.
Kitu deui pami HBH-na bade diayakeun di di Garut, Pasanggirina oge
bakal diayakeun keur barudak sakola tingkat SD/SMP sakuliah kabupaten
Garut wungkul.
Soal materi Pasanggiri, manawi tiasa ditambihan ku Pasanggiri
ngadongeng bodor, hasil ngarang nyalira atanapi naskahna tiasa
nyandak tina kumpulan keomna Kang Syam. Kang Syam sina janten
jurina, sakantenan promosi bukuna oge. Oge tiasa ditambihan
pasanggiri kasenian khas Garut atanapi nu sanesna.
Sosialisasina oge salian ti ngintun uleman ka masing-masing sakola,
oge tiasa ngalangkungan Pamflet, Koran, majalah, oge Radio. Ujung
tombak suksesna ieu acara, aya dina 'sosialisasi' eta. Conto anu tos
dilaksanakeun taun kamari ku LSS IPB, pamilon nu ngiringan teh
mung aya 13 urang ti sakuliah Bogor teh, padahal sakola teh dugi
ka ngaratusna.
SDM Kusnet anu aya di wewengkon anu kapilih wayahna disuhunkeun
bantosanana pikeun urun rembug, disuhunkeun karidoanana kanggo
ngiring nyukseskeun eta acara. Kumargi acara munggaran ieu
ngarupikeun "Pilot Project" kanggo acara-acara pasanggiri salajengna.
Kantun nangtoskeun tempatna anu cocog, mirah, oge gampil dijugjug
ku para pamilon.
Panitia
-------
Samentawis Susunan Panitia tunjuk tarang teh nyaeta :
Steering Commitee / Pengarah
- Kang Tirta
- Kang Akos
- Kang Ndoell
- Kang Runa
Kordinator Lapangan (Korlap)
- Kang Ndoell (ex Officio)
Wakorlap
- Kang Ikmal
Bendahara
- Teh Imas
Sekretaris
- Teh Tia
nu sanesna nyusul, bade tunjuk tonggong bari dikonfirmasi.
Manawi sakitu heula pedaranana ngeunaan HBH & Pasanggiri teh.
diantos tanggapan & usulanana ti baraya sadayana.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
-Ndoell-
Tukang sagala ..
--- In [email protected], ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Waktos kopdar di Subang (30 April) aya oge anu usul lokasi HBH teh
di Garut, di Kang Deny Suwarja. Aya misi milih lokasi di Garut,
supados raksasa Garut nguniang hudang (kageuing) ku ayana HBH KUSnet.
Saurna Kang Deny parantos siap. Leres teu Kang?
>
> Baktos,
> ika
>
> Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Teu sawios-wios asal kasaluyuan ku wargi Kusnet sanesna....
> mangga wargi anu sanesna diantos urun rempugna.
>
> ssw
>
>
> "Agus K \"PAKUSARAKAN\"" [EMAIL PROTECTED]
> kumaha upami di wewengkon galuh atuh sakali2 mah... enya di
priangan timur lah.. sapertos sumedang, tasi, garut, jeng ciamis...
> :)
>
>
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

