Aeh
Neng Iva
damang? Ngadongeng sakedik aaahh
tos lami teu nganggo basa cohag, punten we
nyaa
Kabeneran kuring
miluan Gema Nusa nu diayakeun ku
Mama Ajengan Abdullah Gymnastiar tea. Mayar Rp.
10.000,- meunang kaos, nomor, panitih (lumayan urutna bisa dipake keur kudung)
jeung iket hulu. Nya itung2 mecakan latihan nu sok dilakonan unggal Minggu, teu
meunang lari ge atuh meunang Hadiah Panto (Doorprize) nyaeta Xenia &
Ceria
pan aya pantoan kabeh ge lain? heheh
. Lomba lumpat
sakalumpat lampet
kuring nyebut kitu soteh pedah niatnamah lumpat, tapi kumaha
engke
da ceuk adi misan kuring,Ceu, mending urang marapah wae nyaaa...bari
ningalian nu herang jeung nu hade
heheh. Euh, ieu mah dasar! Ceuk Aa Gym oge
sagala rupa mah kumaha niat
lempengkeun niat sampurnakeun
ihtiar
Jol ka Jl. Peta
dijaga ku Pulisi, lempang, da teu meunang aya motor atawa mobil ngulampreng
kadinya. Euleuh naon ieu the? Meuni dibunian? Ih, meuni pau peuih!!! ceuk
kuring bari nutupan sungut & irung. Sihoreng runtah disimbutan! make terpal
badag oranye & biru, siganamah meh teu katenjoeun ku Gan
SBY. Nepi ka
parapatan geus ngagimbung jalma, ti siklukna ti suklakna, ti budak orok nepi ka
nini. Subhanallah aya oge nu lolong, meuni sumanget make iteuk
trak
trek
trok. Siganamah para wanoja mah nariat pisan miluan ieu acara, nenjo bajuna
meuni marecing kaos seragam beureum aya polet bodas, calana beureum, sapatu
beureum. Loba nu marawa keresek, nu katenjona beurat pisan, disidik-sidik mah,
naha siga timbel? Ieu the lari atawa botram?!!! Jam 6.00 WIB
(Waktu Indonesia Bandung) Gan SBY muka acara. Siganamah nu dihareup mah ti jam
tilu subuh geus cinutrung di garis START. Ngaliwatan podium, breh the Gan SBY,
Mama Ajengan Gymnastiar, Menkopora Adiyaksa, srrd. Geuning kasep Gan SBY the
heheh
karek nenjo ti kadeukeutan, ngan jarak sameter. Di podium hiji deui keur
awewe aya Gan Istri, Ani Yudhoyono & The Ninih arimut meuni kareueut
Clengkeung the
aya kolot lalaki,Kang Dada, kumaha Persiiiib????!!! Kumaha Sampaaaah????!!!
Teuing kumaha indung leungeun kuring otomatis ngadon kaluhur bari beungeut
nyanghareup ka si Bapa! Oh
.karek nyaho yen lalaki nu nyengir di podium bah ditu
the Kang Dada
Sakumaha nu geus
diniatan, lain lumpat tapi leumpang, da kumaha kararagok lumpat oge kunu
hareupeun (alesan heheh). Di tengah jalan dibagikeun inuman haratis ti Vitazone,
atuh puguh pahibut! Mangpang-meungpeung aya nu nyokot leuwih ti dua
Dibaruka
bari lumpat & lempang
biasa lung
tutup & botolna dialungkeun sangeunahna
ngotoran deui jalan.Bangsa urang mah kieu daaa
dibere inuman the, miceuna
dimarana wae! Ceuk lalaki ditukangeun kuring. Nenjo nu
kaperegat macet, geus pasti atuh jaramedud
.tungtungnamah bakat ku lila jadi
ngaradu bako di sisi jalan, aya nu maca koran, aya nu ngalamun
meuni rupa2! Ceuk
adi misan kuring, Ceu, mudah2an urang teu disumpahan ku aranjeunna nyaa
!
Jam 08.30 WIB
karek nepi ka Finish, aya SMS ti babaturan kuring. Urang nepi jam 6.30, neangan
maneh teu kapanggih.. bah mana? Di bales ku kuring bari heureuy, Ih, urang mah
geus nepi ti jam 6.25 keneh.Heheh
Eh, aya Kang
Opick keur nyanyi Tombo Ati! Disampeurkeun weh rada jauh ti panggung da geus
kapiheulaan ku jalema rea. Meuni reueus ningali bule nyanyi
lagu,Bersyukur..kepada
Alloh
. Diumumkeun
saha-saha wae nu mareunang lomba kaasup urang deuengeun (ekspatriat) aya nu ti
Amrik, Inggris, Korea jrrd. Keur resep2
ningali acara, aya santri awewe tiluan marake seragam mawa karung runtah.
Subhanallah! Dipulungan hiji-hiji make leungeun, atuh kuring mah ngarasa era
teuing nu sejen mah da hare-hare
nya dibantuan nu aya disakuriling kuring
mah
meuni karayungyun eta santri, jeung arimut bari mulungan runtah. Tapi da
dikumahakeun deui ngarana ge Pesta Rahayat pasti moal inget-inget acan nu ngarangana runtah!
Acara
ngabagikeun hadiah dimimitian ti sepedah, kulkas & motor. Diselang-seling ku
Padi, dibewarakeun deui bagi-bagi hadiah
nu teu eweuh jalemana diganti kunu
sejen, nyokot deui nomor tina kardus
didedengekeun,lain deui
. lain
deui
Tungtungna nepi ka acara Hadiah Panto
Ceria geus aya nu meunang
Tah,
ayeuna Xenia
Aa Gym macakeun ngarana
Roooo
(aduh, kuring meureun nyaaa
.???!!!)
Rohiimmmm
. >>> [EMAIL PROTECTED] 05/20/06 11:26AM >>> Untung ngimpi si cepotna teu sareng luna maya nya. Sigana moal ngimpi soal
runtah, tapi gelut.....hehehe
Kaleresan dinten ieu aya acara Gema Nusa di Tegalega. Jalan nu sadidinten
kalangkungan pami abdi damel. Sihoreng presiden SBY nu janten pambuka
acarana. Ngadadak sakitar jalan anu dilangkungan ku SBY teh, runtah
ngalaleungit.....heuheuheu. Saminggu we SBY aya di bandung, lumayan panginten
runtah dimana2 bakal seep. Mung rugel we ketang, salami saminggu telat ka
kantor wae :D
Neng Iva
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] NGIMPI == > Dongeng Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] NGIMPI == > Dongeng MRachmat Rawyani
- Re: [Urang Sunda] NGIMPI == > Dongeng Peuyeum
- [Urang Sunda] Re: NGIMPI == > Dongeng mojang_akank
- RE: [Urang Sunda] NGIMPI == > Dongeng Heryadi, Eddy
- Re: [Urang Sunda] NGIMPI == > Dongeng Roro Rohmah