Assalamu'alaikum wr wb.
 
   Gara-gara teh Ipeut, janten weh Kang Nata hoyong deui mairan sakedik perkawis pendapat Kang Tatang manawi tiasa tur aya leres na, atuh bilih seu-eur lepatna
hapunten na bae, oge ka saderek sadayana bilih aya kecap Kanag Nata anu kedah di lereskeun, punten nyuhunkeun pitulung na panglereskeun supados kapayun na
Nata tiasa nambihan elmu dina berbahasa sunda anu leres, Insya Allah, nuhun ka teh Ipeut tos ngarojong kawantun akang nimbrung dina ieu milis.
    Kang Tatang, kalintang bagja na nya upami di nagri urang tiasa sapertos di batur, namung ieu mah bade mairan sakedik, perkawis pembayaran pajak, anu kasumaha
sasauran akang yen artos denda na langsung di bayar ka kantor husus ( teu ka individu ) sumuhun sae pisan eta teh kang, namung anu janten masalah naha eta teh
bakalan lebet ka kas nagara atanapi bakalan nyungsep di kantor eta hungkul, margi di urang mah gening sanes individu anu korupsi teh, tapi nga group, contona
polisi anu ngalakukeun pungli di jalanan , eta teh sanes individu wae, malihan mah seseringna tos aya ijin tur tugas ti komandan na, janten panghasilan eta teh di serahkeun ka komandan teras di bagi hasil, eta informasi katampi ku kang Nata anu langsung  ti polisi lalu-lintas , margi salah sawios wargi akang aya nu janten pulisi
lalu lintas, janten rupina akang mah pasih keneh condong kana kajujuran ti luhur na, upami ti luhur na di ngawitan ku para aparat nagara komo hakim anu jujur mah
Insya Allah ka handapna oge kacacandak da mentok tea teu aya jalan korupsi, namung ku margi di luhur na tiasa di pasihan amplop, janten weh anu di handap teh teu aya kasieun kanggo ngalakonan perkawis korupsi teh.
    Jujur.....jujur.....duh si jujur teh kamana atuh nya.....rahayat anu janten korban, gara-gara jujur teu di tanjerkeun jadi weh teu beres-beres lemah cai teh, mun nya
anu koruptor teh sanajan teu tiasa di leungitkeun, atuh ulah ageung teuing, mun arek mah korupsi atuh samobileun weh atawa sa imaheun, ulah biliun-biliun komo
dugi ka triliun-triliun mah.....duh eta teh artos rakyat.......naha teu sieun ku ajab Allah swt anu sakitu peurih na kana lahir tur batin....tos ahhh...kalahkah teras ngimpi
ieu teh mikiran cicis nagara anu di parake poya2, padahal mah sagigireun nana teh loba nu lapar sareng haus ku sakeupeul sangu sareng ku sagelas cai.
    Lamun Nata keur ngahuleng sorangan bari ngimpleng masalah korupsi eta, osok ngimpi bari beunta, cing teh meni hayang jadi jelema anu sakti mandra guna tur teu aya tandingan nana, ku akang mah moal di dakwa eta anu korupsi teh, tapi rek di cekekan tur di ancam supaya cicis nagara di balikeun, ku ayana kajadian ieu sigana
jalma2 anu kakara arek ngalakukeun teh mikir saratus kali da sieun ku si Sakti tea, contona, Suharto, ulah di adili da percuma hakim na ge ngalila-lila gening, anu penting mah sina di balikeun deui weh harta maneh na jeung harta anak2 na  titik. oge para koruptor anu sejen na, sigana dina jangka waktu singkat  indonesia teh
bisa punah tina hutang ka luar nagri....duh jadi ngalantur kieu......tos ahhh...sieun tuluy jadi pitnah ahhhhh..........maklum anu bodo ari ngalamun teh osok bari jeung nafsu
da ku teu aya daya jang mantuan rahayat lemah cai tea, jadi weh nyalahkeun nu di luhur..........hidup Mr.Jujurrrrrrrr.
 
Wassalam
 
Nata
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, May 23, 2006 3:21 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] surat keur urang bandung: runtah

Palebah nanjeurkeun hukum urang jigahna nembe ngaweitan sadar, saparantos uninga sareng ngalaman akibatna salami jaman KKN tijaman satengah umur bangsa ieu merdeka.
 
Jigahna bae anu perlu teh sistemna sareng sagala perangkatna anu masih keneh can dirobah? Ningal ti pangalaman negara sejen, di asean lah, perkara denda bentenna mung dina ngumpulkeun dendana. Kumaha tah, sederhana pisan, nyaeta teu aya denda atanapi pajeg anu dibayarkeun ka individu langsung saperetos pajeg atanapi denda lallin, iwalti ka institusi resmi nagara, sarupaning Bank sareng kantor Pos.
 
Kucara eta sanaos aya anu malsu kertas pajak atanapi anu sejenna, da keukeuh artosna mah lebet ka kas nagara. Jadi moal aya kajantenan malsu surat pajeg, tilang, atanapi fiskal di airport, kacuali janten rampog berjamaah. Tapi perkara eta di nagara batur pamohalan wujud, margi pangawasan berjalan ku saha wae anu aya identitas penduduk sebagae referensi laporan. Janten dina hal kitu mah sanajan anu dilaporkeun renrencangan sakantor keukeuh dipercanten laporanana. 
 
Janten anu teu aya di urang teh perangkat nanjeurkeun hukum salian ti anu tadi, oge ayana nomer-nomer telepon anu disosialisasikeun ka sakabeh warga, bari dimana wae aya. Lain jigah di urang, anu lapor justru kudu nanggung resiko, naha mayar uang rokona,kopina, atanapi rugel  nama baik, waktu jeung sajabina. Aya basa leungir hayam terus lapor malah domba jadi leungit kusagala risiko caritana ngabenerkeun hayam anu leungit tea.? Ari di nagara batur mah anu lapor teh dibere bonus, saha nu teu kersa ngalaporkeun kajantenan anu balukarna sadaya/masyarakat janten rugel. (bonus=rangsangan ka masyarakat supaya jujur)??
 
Conto alit, upami urang nyandak kendaraan ngalangkungan ti na kecepatan anu aya dina rambu2 lalin, petugas moal megat atanapi ngudag, tapi aya anu ngalaporkeun yeng jam +menit sakitu kendaraan nomer sakitu ngalanggar aturan, atanapi memang dipasang kamera,  atuh isuk ning geto aya serat saman ka alamat anu kagungan kendaraan tadi. Oge misalna salah parkir, tara loba carita ujug2 aya we anu nempelkeun kertas saman dina kaca hareup mobil anu salah tadi.Kitu sederhanana, tapi artos denda teu aya anu lebet kana saku individu, sadayana lebet kana nomer rekening nagara kalawan kakawal kusarerea.
 
Jadi pendapatan/hasil titina sumber eta bisa ngabangun nagara jeung wargana. Conto eta di Msia nolak bantuan luar nagara, tapi pembangunan infrastruktur maju kacida, anak2 bangsana kabiayaan sakolana ku pinjaman murah ti nagara, kolotna bisa meuli kendaraan (mobil=kereta) teu kedah aya jaminan, iwalti nomer penduduk jeung bukti penghasilan.Lamina pijaman paling enggal 7 thn. ayeuna mah malah 9 tahun. bunga 5 % satahun. Iraha nagara urang mampu jigah kitu?? Lobana warga teu jadi alesan, sabab loba penduduk malah loba oge wajib pajakna, tambah loba deui bae duit asup ka nagara.
 
Sok geura beresan sistem tadi jeung moral / akhlaq warga sadaya, supaya bangsa bisa mandiri.? Ayuena mah memang jigah bola kusut?? tapi teu kudu leutik hate, mimitian  ti kaluarga nyalira,generasi enggal insya Alloh, rejekina gampil. Amin.
 
     
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sapuk kang. penting pisan tah masalah sosialisasi teh. enya najan can loba asana mah pamarentah pernah nyadiakeun wadah runtah, najan teu tilu, dua di tiap tempat rame. tapi enya jigana ku jalaran kurang sosialisasi loba masyarakat nu teu nyaho keur naon eta dua tempat sampah eta. runtah baseuh angger asup kana wadah keur nu garing pon kitu deui sabalikna. sok inget cek aa gym.. mimitian ti diri sorangan.
 
oge, masalah penegakan hukum di urang nu masih handap. sabenerna mah di urang loba pisan nu ngaranna denda, ngan nya kitu we sok ditareangan liangna. gede teuing salah, komo leutik teuing mah. contona dina ngajalankeun perda larangan ngaroko di tempat umum jakarta. angger we tingsarebung, padahal dengdana gede.
 
heuy deuh...

dh
On 5/22/06, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saleresna memang para inohong teh teu ti awal keneh basa kajantenan urugna anu di Leuwi Gajah kedahna enggal milarian pang gentosna, naha nembe kiwari raribut teh ari tos rea beurit, bau buruk anu kacida di mana-mana, raraosan mah waktos cekap ngarancang ti basa eta??
 
Kumaha tah apan kamari bp walikota nyempetkeun ka Australia basa nyantek Bpk Presiden nyarengan AAGym di Tegallega, Kumaha tah? Saur sawatara urang Bdg saleresna mhs paguron luhur satingkat ITB oge aya sumbangan pemikiran malah bungkeuleukan karyana, kumaha atuh teu dipirosea?
 
Ari kuring ningal di Msia masyarakatna tos papada ngartos, yen miceun runtah teu dina tempatna teh disaman kupamarentah. Tapi pamarentahna oge nyayogikeun tempat runtah mangrupa tilu-tong (saset) disetiap tempat rame. Hiji kanggo runtah plastik+tilas botol minuman, anu kadua pikeun kertas2, anu katilu ker runtah enggal bau buruk. Truk2 kantun nyandakan ti eta tempat unggal isuk-isuk. Pausahaan anu ngokolakeun / daur ulang oge seueur. upami jalan ka kota pasti kauninga tempat nampi runtah daur ulang,sapertos tilas aluminium minuman RM 3.00/kg. 
 
Ari diurang mah etongkeun tong sampah, pager imah oge bisa leungit. komo tong anu tina plastik anu ti Kodya, ambles raib duka kamana?? Jadi  Masyarakat oge kedah papada ngalartos sangkan teu aya masalah sapertos di negara jiran, ngurus runtah.
 
Upami kaleresan ka Singapur komo, dina kareta api lamun ngaludah, ngaleueut atanapi barang tuang, eta teh didendana 500 dollar Singapura, cobi kalikeun Rp 5000 we satiap dollar. Tah ku ageungna ganjaran mangrupa denda bari leres teu aya hampura, saha anu salah kudu didenda, ya buktosna jigah kitu tah kota batur, kabersihan WC umum tos jadi ukuran sosial.
 
Masalah ieu masalah sosialisasi supaya masyarakat jadi papada aruninga, perpaduan masyarakat jeung pamarenatah kudu jadi nomer hiji. Sahingga warga kota ngarasa tanggung jawab ngarasa ngabogaan kota. Memang loba keneh anu mangrupa sabab, kunaon warga kota teu jigah di nagara batur, handapna pendidikan, sarupaning hese gawe, tekanan ku budaya hirup anu ngudag budaya negara anu lewih maju. Bisa wae jadi salah sawios sababna kajadian sapertos kitu.
 
Ah ieu mah ngacapruk bae, sigah anu enya bae????
Cag ah.


mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
runtah di bandung numpuk, sabab teu aya tempat pamiceunan di kota bdg. wewengkon nu masih mungkin jadi tempat pamiceunan runtah ayana di kab. bdg atawa garut & sumedang.

presiden nepi ka ngaultimatum cenah. mun teu bisa ngurusna rek diurus presiden. sabenerna mah lain presiden, tapi diambil alih gubernur. masalahna ayeuna demokrasi teh siga nu enyaan. runtah dipiceun ka hiji tempat,nu bogana geus satuju-make kompensasi alias mayar, tapi warga sekitar teu satuju, teu jadi tah runtah dipiceun ka eta tempat. lieur we nu aya. ngahargaaan kateu panuju warga, antukna runtah numpuk di sisi jalan kota bdg bari kudu bersih isuk salasa. dipiceun ka tempat sementara.

palebah dieu kang dada rosada teu salah teuing. sabab pikeun nangtukeun tempat pamiceunan runtah di luar kota bdg, lain otoritas manehna. kudu pihak pamarentah garut atawa kab. bdg atawa sumedang. tapi nu aheng, bupati garut geus satuju, warga sabudeureun pasir bajing garut teu satuju.

bantuan, kurangan produksi runtah:tah, ka urang bandung, hayu urang mantuan ngurangan runtah. carana, mun balanja naon bae, komo mun meser treuk atawa beus, teu kedah dibungkus.
sabab bungkusan eta, boh plastik boh kardus, bakal jadi runtah. sae mun nyandak kantong atawa tas di bumi, barang balanjaan lebetkeun kana tas paranti balanja nu dicandak ti bumi. plastik keresek bungkus balanjaan, dugi ka bumi, mun teu diampihan pikeun wadah, otomatis dipiceun jadi runtah.

mj  http://geocities.com/mangjamal
 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:  http://banjarasih.blogsome.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to