Assalamu'alaikum wr wb.
 
      Kang irfan, kahartos pisan eta tantangan teh meni jentre sareng sae pisan, bravo lah kanggo kang irfan, namung abdi aya
komentar sakedik, sim kuring rumaos tukang ngaroko sareng jalmi nu teu bodo2 acan, namung sim kuring mah gaduh elmu
sa cuil oge di amalkeun, henteu di janten keun bahan pipaseaeun, langkung sae upami didinya demo anti-rokok ku jalan anu rada 
sopan sareng amalkeun atuh elmu teh kana pisalameteun sangkan jalmi anu sanes teu aya nu tersinggung, naha teu aya jalan
sanes anu teu ngangge kata ' Uteuk ' biasana kata 'utheuk ' teh osok di angge ka na sato, emutan weh ku nyalira eta mah.
 
Wassalam
 
Nata
----- Original Message -----
Sent: Friday, August 04, 2006 2:34 PM
Subject: [Urang Sunda] NANGTANG anu sok ngaroko !

Email ieu NANGTANG baraya kabeh  khususna anu ngaroko.
Mun aya nu wani, sok tembalan ieu email. :)
biasana nu ngaroko mah sok merasa jantan. :D
Maju kadieuh !

eusina aya  4 bagian :
- Kalimat provokasi ti kuring
- Argumen pembenaran anu ngaroko
- FAKTA
- Saran


Provokasi :
Nu ngaroko mah teu boga uteuk, teu nyaah ka anak pamajikan, teu ngahargaan batur.



Argumen pembenaran :
- mun eureun ngaroko, perusahaan roko tutup, rebuan karyawan bakal di PHK
- Ngaleungitkeun stress
- kabutuhan kulawarga tetep terpenuhi.
- Nepi ka umur 50 tahun euweuh keluhan nanaon, kesehatan tetep prima.
- Ngeunah
- pergaulan
- jrrd.


Fakta :
a. Data ti  WHO :
    http://www.who.int/tobacco/health_priority/en/index.html
    - Pamaeh nomer 2 di dunia.
      1 dari 10 orang dewasa paeh lantaran ngaroko.
   
     - Pos pengeluaran gede di kulawarga miskin.
       pikeun kulawarga miskin, ngaroko teh nyedot biaya nepi ka 10% belanja        kulawarga. Padahal mun maranehna boga uteuk mah, eta nu 10% teh bisa        dipake jang perbaikan giji anak, atawa biaya pendidikan, kesehatan, jsb.
       Acan lamun anu ngaroko teh gering paru-paru atawa saluran pernapasan,        tangtu pengeluaran deui jang ka dokter.
     
     - Ngandung zat-zat berbahaya pikeun awak :
         http://en.wikipedia.org/wiki/Chemicals_in_a_cigarette
        http://en.wikipedia.org/wiki/Cigarette
        diantarana : Arsenic, Cyanide, Butane, Formaldehyde, jsb
         - Arsenic (anu dipake maehan Munir)
         - Cyanide (sianida, racun mematikan deui wae)
         - Butane (dina LPG jang masak aya na teh)
         - Formaldehyde (masih inget Formalin ?)

b.  ngakibatkeun teu kurang ti 73 panyakit :
     http://www.ash.org.uk/html/factsheets/html/fact02.html
     diantarana : Mandul, Impoten, Menurunnya kualitas Sperma, Diabetes,       Kangker, jsb

c.   Perokok Pasive (Pamajikan, anak, babaturan anu teu ngaroko) boga potensi       panyakit anu teu jauh beda ti anu ngaroko.
      http://www.ash.org.uk/html/passive/html/passive.html

d.  ngakibatkeun kecanduan jeung ketergantungan :
     http://www.quitsmokinghelp.net/psychology_of_smoking.html


Saran
(ari disebut solusi mah jajauheun, da yakin moal dilaksanakeun ku anu ngaroko na oge.)

a.  Masalah perusahaan roko, keun we da sakabeh manusa didunya, geus ditangtukeun rejekina ku Allah. Urang mah nyaah ka anak pamajikan, mikirkeun ekonomi rumah tangga. nya eureunan ngaroko.

b. Masalah ngilangkeun stress.
    kapanan aya laguna
    obat hati eta aya lima perkara
    1. maca quran
    2. solat peuting
    3. kumpul jeung jelma soleh
    4. puasa
    5. dzikir

   Lain ngadurukan duit !

c. Kabutuhan kulawarga terpenuhi.
    biasana jalma cukup nu kieu mah. hanjakal     sombong. kena-kena boga duit     leuwih tuluy diduruk.
    mendingan duit anu di duruk teh, di sedekahkeun.

d. Tetep sehat neupi ka umur 50 taun.
    Sabaraha hiji anu bisa kitu? batur bisa nepi ka kolot. ari urang saha anu     ngajamin bakal sehat ? sakitu geus jelas, unggal poe nyeuseup arsen,     sianida, formalin, jrrd. Mikir atuh !

e. Ngeunah.
    Nu kieu anu egois teh. ngeunah jang sorangan teu ngeunah jang batur.
    Awak/baju bau haseup, huntu gading hideung, nafas bau, karunya we pamajikan jeung anak.
    Kangeunahan teh loba jenis na. cing atuh kangeunahan nu ngarugikeun batur mah tong dipiara wae.

f. Gaul
   Nu kieu biang na ngaroko teh. khususna budak ngora. padahalmah mun eunya boga uteuk, teu ngaroko ge tetep we bisa gaul. teu kudu bari ngaroko wae.


Numatak baraya, STOP SMOKING !

***langkung saur bahe carek, neda dihapunten.






__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Reply via email to