Halaaaahh..ieung....naha janten nyosok jero ieu teh...?? (dasar wartawan 
...heuheuheu...)
  Perkawis kecap "Cikundul" mah, aya dua maksad, kahiji nami tempat anu ayeuna 
janten kota Cianjur, anu kadua nami wahangan diwewengkon Cianjur ayeuna.
  Mung upami anu dimaksad "Dalem Cikundul" (punten teu nganggo "Aria"), ieu mah 
inohong anu ngabukbak leuweung geledegan ditutugan gunung Gede, anu akhirna 
janten hiji padumukan ketelah Cikundul, anu kapayuna janten Cianjur.
  Gelar "Dalem Cikundul" nya kitu deui "Aria Wiratanu" (teu nganggo "datar" anu 
nganggo sesebatan Aria Wiratanudatar mah ti ngawitan Aria Wiratanu anu ka IV), 
nembe disebat 
  Dalem Cikundul/Aria Wiratanu mah saparantos sakitu puluh taun anjeuna tilar 
dunya.
  Waktos jumeneng mah namina raden Jayasasana, kenging gelar Raja Gagang oge 
disebat Raja Gunung.
  Rundayan kahandapna mah ngarundayeun bupati-bupati Cianjur sareng Garut 
(numutkeun sajarah).
  Upami silsilah kaluhur mah, ramana : Dalem Aria Wangsagoparana (eyang 
Nangkabeurit, pedah dikurebkeun di kampung Nangkabeurit, Sagalagerang, Subang), 
terasna Sunan Ciburang, teras Sunan Wanaperi, teras Sunan Parunggangsa, teras 
Prabu Pucuk Umum teras Prabu Mundingsari Leutik sareng saterasna.
  Perkawis sajarah singkatna parantos diserat ku saderek Gunawan Yusuf, tiasa 
ditoong dina web site urang-sunda.or.id. dina file "Sajarah Tempat", sajarah 
lengkepna parantos aya bukuna di Ua Sas, judul bukuna Sajarah Cianjur sareng 
Raden Aria Tanu Dalem Cikundul
  Cianjur, kenging nyusun Drs. Bayu Surianingrat, dikaluarkeun ku Rukun Warga 
Cianjur di Jakarta.
  Dicitak taun 1982, malih mah anu nyusunna linggih di Sukajadi, Bandung.
   
  Sakitu anu tiasa dihaturkeun.
   
  Pihatur,
  ssw
   
  mamangantra2000 [EMAIL PROTECTED]
          Nuhun pisan, Apih. 
Ieu mah teu aya pakaitna sareng agul atanapi teu agul. Da urang mah 
teu milih karuhun. Bongan Gusti. Hehehe... Oge, perkawis payung: 
Sakaterang, eta mah "prerogatif"na urang Tasik. Hehehe... (Punten 
rada heureuy, Apih).
Nanging, sateuacan naros nu sanesna. Sakaterang Apih, saha sareng 
kumaha "Cikundul" teh? Upami abdi teu lepat, nu dimaksad "Cikundul" 
ku apih teh Dalem Aria Cikundul, salah sawios Bupati Cianjur? Kumaha 
sajarah sareng lalakonna, aya saena Apih medar dina danget ieu.
Panuhun sim kuring,
Pun Maman 




  
  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke