Jambu samarang, duka tah disebat kitu, kalebet bangsa jambu aer, tangkal, daun
sami sareng jambu aer, mung buahna benten, rada ageung tibatan jambu aer, nu
atah rupina hejo anu tos asak rupina beureum, dilebetna aya sikian.
Upami Namnam, duka kalebet bangsa naon tah mung tangkalna tara luhur, sok
sanaos bongkotna saageung awak munding, tara ieuh ngajangkungan, mung
ngarandakah, daunna
anu masih pucuk bareureum, buahna tara ngagantung dina dahan namung
ngagantung dina bongkot tangkal, warna buah anu atah ampir sami sareng warna
buah sawo, upami tos asak janten warna koneng, mung bae anu matak helok mah
ninggal bungkuleukan (bentuk) buahna sanes buleud sanes lonjong, namung
mangrupi satengah buleudan rada-rada gepeng, nyakitu deui sikina.
Tah upami buyutuk, nami sato kalebet bangsaning hurang/keuyeup, anu hirupna
dina lebet keusik basisir anu kakeueum ku ombak laut, bungkeuleukanan satengah
buleudan ngaharib kana bentuk mobil VW kodok, ngalana ngukuy/ngagali keusik anu
kakeueum ku cai ombak,
aya oge nganggo gagaruan (garu alit didamel tina awi), carana, pas cai ombak
surud, kantun ngadorong weh gagaruan teh dina keusik baseuh, tah upami mendakan
keusik ngehelob/dekok, tangtos dilebetna aya buyutukkan.
Ngasakkanana, tiasa dibeuleum sapertos hurang, tiasa di goreng, mung anu
pangraosna diangeun haseum, namung haseumna ulah nganggo cuka, calingcing
atanapi careme, raosna kanggo haseumna ku kembang lampeni, cengekan sacekapna
supados rada lada.
Pihatur,
ssw
mamangantra2000 [EMAIL PROTECTED]
Euleuh matak pikabitaeun, Apih. (Sok hayang jadi jalma sakti. Ngadon
nganjang ka kamari. Hehehe...). Nanging, aya sabaraha hal nu teu
nyambung sareng uteuk abdi: jambu samarang (naha ieu teh sapertos
jambu batu atanapi jambu aer?), nam nam (asa nembe nguping aya mahluk
Gusti nu ku urang Sunda, paling heunteu di Sindangbarang, disebat nam
nam. Sakaterang mung "henam". Bari teu terang naon hartosna nu
paheut. "Henam geura ka cai. Geus beurang"). Oge buyutuk. Nu kumaha
ieu buyutuk teh, Apih?
Punten cerewed, Apih. Bongan hoyong terang. Mugia ulah kirang-kirang
ngahapunten.
Baktos,
Pun Maman
Recent Activity
13
New Members
1
New Files
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
New business?
Get new customers.
List your web site
in Yahoo! Search.
Yahoo! Mail
Get it all!
With the all-new
Yahoo! Mail Beta
Y! Messenger
PC-to-PC calls
Call your friends
worldwide - free!
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda