--- In urangsunda@yahoogroups.com, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Perkawis sajarah singkatna parantos diserat ku saderek Gunawan Yusuf, tiasa ditoong dina web site urang-sunda.or.id. dina file "Sajarah Tempat", sajarah lengkepna parantos aya bukuna di Ua Sas, judul bukuna Sajarah Cianjur sareng Raden Aria Tanu Dalem Cikundul > Cianjur, kenging nyusun Drs. Bayu Surianingrat, dikaluarkeun ku Rukun Warga Cianjur di Jakarta. > Dicitak taun 1982, malih mah anu nyusunna linggih di Sukajadi, Bandung.
Mangga, Pih. Hatur nuhun. Nanging, aya deui nu sanesna: Perkawis lalakon nuju budak. Upami teu lepat, dugi ka kelas 2 SMP, Apih linggih di Sindangbarang. Tah, abdi hoyong terang kumaha kaayaan Sindangbarang harita -- waktos Apih masih keneh alit. Oge, lian ti sakola, oge ngaos panginten, naon deui nu sadidinten sok dipidamel ku Apih harita teh? Sigana mah tebih pisan tina kaayaan Sindangbarang kiwari -- boh kaayaanna, boh kahirupannana. (Nguping bade janten Kabupaten. Naha cios eta teh?). Punten upami posting ieu ngaduakali balikan. Nu tadi serverna kekerenyedan. Bilih teu dugi. Baktos, Pun Maman