Kang Maman,
Kuring rek ngobrol make aturan aktual ayeuna.
Ceuk kuring, geus waktuna gaji Dosen teh naek sapuluh kali lipet ti nu
ayeuna. Rasionalisasina:
1. Kudu cukup keur nyicil imah Tipe 45/ 120 (minimal). Kunaon bet tipe 45?
Argumena, tipe 36 teh cenah eta keur buruh (tinggali pamanggih ketua buruh
dina koran). Ku naon bet 120 M, sabab meh imah eta bisa digedean. Saurang
dosen kudu boga ruang pribadi (perpustakaan pribadi anu cukup keur bukuna,
ngarefleksi, jeung nulis tur mariksa pagawean mahasiswa, jrrd). Rohangan eta
paling hanteu kudu 30-40m2.
2. Saurang dosen oge kudu bisa ngalanggan media. Bisa koran langsung, atawa
nginternet;
3. Kudu boga dana jang meuli buku anyar;
4. Kudu boga tabungan keur rekreasi.
5. Kudu bisa cukup dana keur nyakolakeun budakna. Keun bae dua oge, sabab
teu payus mun budakna dosen atikana leuwih handap batan kolotna.
6. Kudu bisa cukup keur nyicil kendaraan (alusna mobil).
[catetan: nomerisasi lain urutan prioritas--asal nulis bae).

Tah, mun geus sakitu, langsung dijeun perjangjian yen saurang dosen moal
nyambi ngajar kaditu kadieu

Argumen lain;
1. Saurang PNS, ceuk KPK haram gawe di tempat lain, dina widang lain;
2. Mun saurang dosen jadi pembicara, atawa nulis di media, atawa narima
pagawean laina--boh konsultan, atawa LSM--, terus menang bayaran tina
aktivitasna, ceuk aturan gratifikasi KPK kaasup KORUPSI. Emut korupsi! Asli.
Mangga parios! (janten, mun nganggo UU eta, sim kuring kaasup koruptor;
punten. sabab mindeng nyambi janten panitia, ngadamel proposal bari dibayar)
3. PNS paling mungkin gawe sampingana teh, ngawarung (meureun).

sakitu heula

baktos
tantan





On 12/14/06, mamangantra2000 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>,
"tantan hermansah"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ceuk pamanggih kuring, gaji PNS teh kacida teuing. Leutik pisan.
Komo mun ditinggali tina kawajibana. Kuring anu jadi guru, mun teu nga
up date buku, teu bisa nginternet, pan teu payus dihareupeun barudak.
Tapi eta teh teu cukup mun ngandelkeun gaji PNS. Asli.

Kang, numutkeun salira, sabaraha pantesna gajih dosen jaman kiwari?
Sareng naon "penjelasannana"? Ti taun 80-an keneh sim kuring jeung
batur-batur sok madungdengkeun perkara ieu. Tangtos bae dina konteks
gajih wartawan. Nanging, pan profesi ieu teh teu tebih teuing ti
profesi dosen.

Baktos,
MGT




--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke