nuhun kang tos pangitungkeun ... jadi pan kasimpulan akang oge, ngarah dosen
datang unggal poe, mangka gajihna oge kudu keur samingguan, diitungna 8 jam
sapoe ... alias teu jauh ti pagawe swasta .. heu heu heu

lolobana ngitung gaji dosen teh siga ngitung SKS, padahal mah teu ngan
sakadar ngajar wungkul, pan ceuk cenah aya tri darma perguruan tinggi:
pengajaran, pengabdian dan penelitian. tah nu diitung teh karek pengajaran.

ceuk akang teu kudu ngapalkeun da eta-eta keneh bahan ngajar teh, sabab naon
cing ? teu kuat keur meuli buku anyar ... mangga bukaan di amazon upamana,
harga buku teknik, paling murah 150 dollar, kalikeun we 8000 rupiah ... 1,2
juta, ari gajih pan golongan III mah paling luhur ngan 1 juta leuwih
saeutik, aya keur meuli buku euweuh keur ongkos ka kampus ... hi hi hi
lamun nyieun buku ajar, diktat upamana, mahasiswa meuli hiji, terus diphoto
copy, tong nyarioskeun soal hak cipta ... bade timana kenging untungna nu
aya malah buntung, dijual dedet disebut diktator ... jual diktat buat beli
motor .. ha ha ha

bahan ngajar bakal ningkat oge lamun aya penelitian, balik deui bae
penelitian teh perlu duit bin dana. bilih hoyong uninga we ieu mah,
penelitian dosen muda nominalna sajuta satengah asana mah, acan dipotong
pajeg, dana keur universitas, uang adminitrasi lembaga, jeung teuing lah ...
tungtungna katarima 750 rebuan ... artos sakitu, kanggo ngebor taneuh keur
nyandak sampel taneuh upamana tos seep (nya Bah Willy ...), ka lapanganna
kapaksa alat-alatna dipanggul .. ha ha ha

bade profesional kumaha, kanggo neda wae teu acan cekap ...

budhi
guru di kampoeng


On 12/15/06, Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Siganamah "jurig" profesionalitas teh can kudu dihudangkeun ngarah PNS
(ketang kabeh pagawe) kasurupan ku eta jurig. Lamun ngan saukur hayang
dibayar gede mah, lain ukur PNS nu hayangeun teh, Uing oge hayang, ngan naha
surup eta gajih teh jeung kualitas pagaweanana, ayeuna gajih guru/dosen
memang leutik pisan tapi urang nyokot hiji kasus geura, dosen PTN nu
kabagean ngajar 2 sks, ngan datang ka kampus pas ngajar hungkul, tara teuing
toal-toel kana "persiapan ngajar" da cenah geus apal ieuh ti taun ka taun
sarua eta-eta keneh. Lamun dirasiokeun gajihna si dosen eta jeung pagawe anu
gawena senen nepi ka juma'ah, 8 jam sapoe, meureun rasio gajihna teh leuwih
gede ... tah lamun kasurupan ku jurig profesionalitas mah pak dosen teh
kuduna meureun datang unggal poe gawe ka kampus ngarah barudak anu deuk
tatanya (asistensi) teh gampang manggihan manehna. Nya pantes pisan lamun
gajihna ditaekeun teh. Tah ayeuna mana nu tiheula ... gajihna taekeun heula
atawa profesionalitasna heula ... cikan kumaha tah.

Salam,
Budyana


On 12/14/06, Reksa Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Sapuk, Kang. Malih, kriteria nu diajengkeun ku salira teh kedah
> ditegeskeun: Hiji pamajikan, dua budak, hiji nu babantu. Pan ayeuna mah nu
> babantu teh geus jadi hiji kawajiban?
>
> Mung, aya masalah sanesna, Kang: Dina sabaraha lami eta standar teh
> tiasa dihontal? Atanapi, sigana, nu diajengkeun ku salira teh angka standar
> kangge dosen enggal, nya? Nanging, dina halna ngiridit bumi, ti mana
> anjeunna kenging DP-na?
>
> Salam,
> MGT
>
> *tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> Kang Maman,
> Kuring rek ngobrol make aturan aktual ayeuna.
> Ceuk kuring, geus waktuna gaji Dosen teh naek sapuluh kali lipet ti nu
> ayeuna. Rasionalisasina:
>
>  ------------------------------
> Cheap Talk? Check 
out<http://us.rd.yahoo.com/mail_us/taglines/postman8/*http://us.rd.yahoo.com/evt=39663/*http://voice.yahoo.com>Yahoo!
 Messenger's low PC-to-Phone call rates.
>
>





--
budhi at urang-sunda dot or dot id

Kirim email ke