"Ha...ha....ha....", Jay seuseurian nepi keun ka reumbay cipanon.
"Beunang siah ku aing, naaaa atuh urang Kusnét teh bararodo pisan 
nya...",

ceuk si jay ngomong sorangan bari tuluy macaan deui postingan-
postingan dina milis. Sakapeung kerung, sakapeung unggut-unggutan, 
sakapeung nyerengeh. 

Batur nu keur nge-nét gigireunana luak-lieuk we ka si Jay, ngarasa 
kaganggu ku polahna. 
"Ih..jalma teh gelo sugan mah nya ?", ceuk pikirna, bari tuluy 
beberes.

Kamari wanci kieu, si Jay mosting, sarua jiga samemehna, loba nu 
mairan kana postinganana. Teu kolot, teu budak. rupa-rupa geuning 
pairanana teh. Tapi lolobana mah mairanana teh bari jeung ambek. teu 
lalaki teu awewe, sarua bari arambek. 
padahal mah, pira ge, nyebutkeun yen nu sok mimilisan teh 
pangangguran, ni teu narima geuning dikitukeun teh, disarada kabeh...
hi hi ...

aya kana 80 leuwih postingan anu dibaca, sanggeus rengse, tuluy 
ngalieuk kana jam nu naplok dina tembok. 
Hmmm....argo warnet geus nyerelek, geus aya kana 15 rebuna jigana.
Kusiwel ngaluarkeun dompet tina saku tukang, diilikan eusina, aya 
keneh 2 lambar dua puluh rebuan.
"Ah..cukup sa jam deui ge lah....", ceuk si jay na hate.

Ngahuleng sakeudeungan, tuluy ramo-na ku lincahna luluncatan dina 
kibord, ngetik saluyu jeung nu ngocor tina uteukna.
Eusina mairan deui postingan-postingan ti anggota milis, bari angger
make basa propokasi anu nyudutkeun urang-urang sunda.
Geus ka irong ku manehna, yen urang sunda mah geuning gampang 
kasigeung, gampang ambek, teu kaop ka senggol hate-na, langsung 
ngagurubug. geus kabuktikeun pisan ku sorangan, ku ayana loba pisan 
anu ngarasa kasigeung ku postingan manehna. 

Tapi, beuki loba nu kasigeung, si jay beuki seuseurian.
hatena surak...

Jay nuluykeun ngetik..
tak-tik....tak-tik....


teu poho, dihandapna make ID anu dipake salila ieu : 
Ely Evalita nu geulis tea.

....ha ha ha
si Jay seueueurian na hate.

dibaca deui imelna saliwatan, tuluy mencet tombol "SEND".
Gura-giru sign out, tuluy ka kasir. 
"atos A ? Dua puluh rebueun", ceuk kasirna bari imut ngagelenyu.
srog si Jay ngasongkeun 20 rebuan salambar. Pas pisan.

Jay ngancingkeun jaketna, ranselna digandong, tuluy kaluar ti Warnet,
bari leumpang ka parapatan. Diluar langit geus ceudeum, hawa ge 
karasa tiis. nyecep kana jero dada. 
Sanajan hawa tiis, tapi si Jay yakin pisan, nu maca postinganana 
bieu pasti ngarasa panas hareudang.
hmmmm...





-dul-
tukangteuing

Kirim email ke