Leng, Jay ngahuleng sakeudeung. "Rek mayar ku naon atuh aing?",
gerentesna. Jay leuleus, awak ngadegdeg keur mah can dahar, katambah
kumaha nya pimayareun ka ki supir. "Aing aya akal", ceuk gerentes hate
Jay. Kudupruk awak Jay ngudupruk api-api kapiuhan. Jelema-jelema na
angkot patingkoceak komo ibu-ibu nu katindihan ku awak Jay reuwaseun.

~ipup~



--- In urangsunda@yahoogroups.com, Reksa Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> Hawa Bandung nu matak bayeungyang ngarawu Jay nu kakarak kaluar ti
warnet. Jalan metet patukang tonggong jeung beuteungna nu can dieusi
nananaon ti minggu itu. Sora klakson mancawura kana ceulina.
Barangmaen nu nemprakkeun leungeunna, ku manehna didilakan -- matana
meh buncelik. Dititah ingkah. Jay noyod ka peuntas.
>    
>   Cung leungeun Jay ngacung, nyetop angkot. Clog manehna naek. Diuk
gigireun lalaki tengah tuwuh nu keur nundutan. Leungeunna ngeukeuweuk
koran wedalan opat poe ka tukang. "Seorang Pasien Kabur dari RS". Kitu
ceuk HL eta koran. Hurup-hurupna ngajareblag, kelirna nu beureum getih
matak peurih kana panon.
>    
>   Mangsa angkot mengkol ka kidulkeun, hate Jay ngalenyap. Manehna
karak inget: Pesakna euweuh eusian saketip-ketip acan. Kumaha rek
mayar angkot? Mayar ku rangsel? Atawa sasadu bae ka supirna?
>    
>   Angkot mumprung ka kidulkeun.
>    
>   MGT   


Kirim email ke