Hatur nuhun tos babagi lalampahan hirup hurip kang. komo bari jauh mela melu, di Sudan. beurang peuting poek. hehe. Sugan jadi nambah kawani ka urang sunda sanesna pikeun ngumbara di mana bae di ieu alam dunya. mangga engke ari salse dilajeng. oge ka baraya kusnet sanesna, boh nu caket boh nu tebih ti tatar sunda, mangga tonk asa2, gutrut we serat pangalamanan-pingiliminin masing2, sugan bisa pikeun conto jeung bukti yen urangsunda oge teuneung ludeng nyaba ka mana-mana, bari jeung sorangan!
mj http://geocities.com/mangjamal > Teu karasa kuring geus 14 bulan kuli di tanah Afrika Sudan. Ahir oktober > 2005, 2 minggu samemeh lebaran harita kuring munggaran nincak Sudan teh > .Ari gawe teh jadwalna , sabulan gawe, sabulan pere di imah. Jadi salila > 14 bulan ieu bulak balik we.Jakarta Khartoum via Doha bulak balik > Samemeh narima tawaran gawe di Sudan kuring tatalapek neangan ingpo boh > nanya langsung ka sasama anu kungsi gawe di sabudeureun Sudan , boh > neangan ingpo tina internet. Kuring maca oge tina koran atawa ngedenge > tina radio jeung TV cindekna yen di Sudan Selatan aya daerah konflik anu > ngaranna Darfour. Ternyata daerah tempat kuring ditempatkeun gawe > ayeuna teh sabenerna teu pati jauh ti perbatasan daerah konflik etnis > Darfour tea. > > Poho nu matak ge , waktu indit kamari teu meuli heula salep dalapan > dewa.Duh ieu dampal suku palebah keuneung jeung tungtung jempol suku > katuhu mani parecah kieu. Jero deuih beulahna teh. Mani peurih karasana > teh. Komo waktu keur diuk atahiat waktu solat mah . Pan jempol teh kudu > ditikelkeun. Aduh mani peurih teh pisan. Rorombeheun mani parna kieu. > Sugan teh kuring wungkul anu keuna ku perpecahan suku alias rorombeheun > teh Pilot urang Rumania oge sarua wae. Mudah mudahan we teu aya > komplikasina kana jantung kuring > > Neem Area, 16 January 2007 > > Nu keur koreh koreh cok. > > Dudi M. Asgar > > > > > --------------------------------- > Cheap Talk? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates.

