Hatur nuhun kana advis mirosea rorombeheunana. Insya Allah ari cai haneut, uyah 
jeung zaitun mah aya di dapur. Tapi alkohol nu hese teh. Ah engke mah upama 
ditawaran wine  di pesawat rek dikana kempiskeun we, milaur tara ditampa upama 
ditawaran eta inuman teh da aya alkoholan.
  Leres  di Sudan mah nu poek teh sanes peuting wungkul, najan beurang  ge  
titingalian teh paroek. Malah sok  rea ngagebeg. Teu rek ngubag ngebeg  kumaha 
atuh, da sok mindeng ujug ujug aya nu ngomong weh dihareupeun kuring. Nu 
katempona ngan huntuna wungkul.
  He he.he
  Anu ngajadikeun kuring betah di gawe di Sudan teh lain ngan sakadar aya 
kasempetan keur ngala pikeun  pakeun, tapi kuring asa jadi bentang . Asa jadi 
nu pangkasepna.
   
  Duh di Bandung mah, kuring teh frustrasi. Waktu keur sakola ge di Bandung, 
rereana mah ulin wae ka luar Bandung. Ka Sumedang, Garut, Tasik.Hayangna mah ka 
Irian , tapi teu boga cicis keur ongkosna. Ceuk pikiran teh  sugan ari di luar 
Bandung mah  beungeut kuring teh rada punjul ti batur. Di Bandung mah rea nu 
nilep. He..he..he
  Tah kulantaran kitu  di Sudan mah asa mobok manggih gorowong.
   
  Ka Sudan teh lain kulantaran kuring ujug ujug jadi jalma anu teuneung 
ludeung. Pedah we kecap Sudan mah teu beda jeung kecap Sunda ( bandingkeun we  
hurufna, pan persis pisan). Ceuk dina pikir teh sarua we meureun jeung  hirup 
di Garut.
  Hidup Garut !!. Eh ... ari ngadenge kecap Garut teh sok langsung reaktif.
   
  Salam
   
  DuydiM. Asgar
  
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          
Hatur nuhun tos babagi lalampahan hirup hurip kang. komo bari jauh mela
melu, di Sudan. beurang peuting poek. hehe. Sugan jadi nambah kawani ka
urang sunda sanesna pikeun ngumbara di mana bae di ieu alam dunya. mangga
engke ari salse dilajeng. oge ka baraya kusnet sanesna, boh nu caket boh
nu tebih ti tatar sunda, mangga tonk asa2, gutrut we serat
pangalamanan-pingiliminin masing2, sugan bisa pikeun conto jeung bukti yen
urangsunda oge teuneung ludeng nyaba ka mana-mana, bari jeung sorangan!

mj

http://geocities.com/mangjamal

> Teu karasa kuring geus 14 bulan kuli di tanah Afrika Sudan. Ahir oktober
> 2005, 2 minggu samemeh lebaran harita kuring munggaran nincak Sudan teh
> .Ari gawe teh jadwalna , sabulan gawe, sabulan pere di imah. Jadi salila
> 14 bulan ieu bulak balik we.Jakarta Khartoum via Doha bulak balik
> Samemeh narima tawaran gawe di Sudan kuring tatalapek neangan ingpo boh
> nanya langsung ka sasama anu kungsi gawe di sabudeureun Sudan , boh
> neangan ingpo tina internet. Kuring maca oge tina koran atawa ngedenge
> tina radio jeung TV cindekna yen di Sudan Selatan aya daerah konflik anu
> ngaranna Darfour. Ternyata daerah tempat kuring ditempatkeun gawe
> ayeuna teh sabenerna teu pati jauh ti perbatasan daerah konflik etnis
> Darfour tea.
> > Poho nu matak ge , waktu indit kamari teu meuli heula salep dalapan
> dewa.Duh ieu dampal suku palebah keuneung jeung tungtung jempol suku
> katuhu mani parecah kieu. Jero deuih beulahna teh. Mani peurih karasana
> teh. Komo waktu keur diuk atahiat waktu solat mah . Pan jempol teh kudu
> ditikelkeun. Aduh mani peurih teh pisan. Rorombeheun mani parna kieu.
> Sugan teh kuring wungkul anu keuna ku perpecahan suku alias rorombeheun
> teh Pilot urang Rumania oge sarua wae. Mudah mudahan we teu aya
> komplikasina kana jantung kuring
>
> Neem Area, 16 January 2007
>
> Nu keur koreh koreh cok.
>
> Dudi M. Asgar
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Cheap Talk? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates.



         

 
---------------------------------
Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and 
always stay connected to friends.

Kirim email ke