Kang Dud,
Mun sakadar rek rorombeheun mah tong jauh-jauh los-los ka Sudan atuh
bisi di sangka kabeh sarua
cenah ceuk urang sudan teh " keun bae hideung ge tapi teu rorombeheun .."
he he he he he ............

firman tea


On 1/17/07, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Hatur nuhun kana advis mirosea rorombeheunana. Insya Allah ari cai
haneut, uyah jeung zaitun mah aya di dapur. Tapi alkohol nu hese teh. Ah
engke mah upama ditawaran wine  di pesawat rek dikana kempiskeun we, milaur
tara ditampa upama ditawaran eta inuman teh da aya alkoholan.
Leres  di Sudan mah nu poek teh sanes peuting wungkul, najan beurang  ge
titingalian teh paroek. Malah sok  rea ngagebeg. Teu rek ngubag ngebeg
kumaha atuh, da sok mindeng ujug ujug aya nu ngomong weh dihareupeun kuring.
Nu katempona ngan huntuna wungkul.
He he.he
Anu ngajadikeun kuring betah di gawe di Sudan teh lain ngan sakadar aya
kasempetan keur ngala pikeun  pakeun, tapi kuring asa jadi bentang . Asa
jadi nu pangkasepna.

Duh di Bandung mah, kuring teh frustrasi. Waktu keur sakola ge di Bandung,
rereana mah ulin wae ka luar Bandung. Ka Sumedang, Garut, Tasik.Hayangnamah ka 
Irian , tapi teu boga cicis keur ongkosna. Ceuk pikiran teh  sugan
ari di luar Bandung mah  beungeut kuring teh rada punjul ti batur. Di
Bandung mah rea nu nilep. He..he..he
Tah kulantaran kitu  di Sudan mah asa mobok manggih gorowong.

Ka Sudan teh lain kulantaran kuring ujug ujug jadi jalma anu teuneung
ludeung. Pedah we kecap Sudan mah teu beda jeung kecap Sunda ( bandingkeun
we  hurufna, pan persis pisan). Ceuk dina pikir teh sarua we meureun jeung
hirup di Garut.
Hidup Garut !!. Eh ... ari ngadenge kecap Garut teh sok langsung reaktif.

Salam

DuydiM. Asgar

*mj <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:

Kirim email ke