Hehe. Tah iru anu penting pisan.
Serat ti kang Budhi jadi bahan diskusi Tim di kuring. Hebat.
Cing, tong  kagok. Ari skim kredit ti bank agri tea kumaha? naon wae
saratna? Sabaraha ageungna? Kumaha proporsi jeung tanah anu dikuasai ku
patanina.
Salian ti eta, sakotak teh kinten2 sakumaha legana? Sabau? atawa sakumaha?
Tadi, cenah, sok sanajan over produksi, patani tetep untung. Saha anu
ngagaransi? Pamarentah? kumaha aturana?
Wah seueur teuing. Hatur nuhun tur diantos!

On 1/17/07, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Aya hiji deui DR alumni IPB nu pejabat teh, malah ayeuna geus Prof.,
bupati kutai kertanegara jeung rektor univ kutai kertanegara, ayeuna di KPK
keun ... he he he

Mun ningali SBY, asa ningali ABE, PM Jepang ayeuna, mun ceuk basa urang
mah loba teuing TP ... tebar pesona, taya kaputusan nu jelas atawa reformasi
nu puguh alang ujurna ... heu heu

Teu apal siga kumaha RA di jepun, ngan mun teu salah saprak reformasi
meiji nu ngaleungitkeun sistim tuan taneuh ti daimyo, ngaleungitkeun
kakawasaan samurai jeung saterusna. nu katempo ieu mah, sawah di jepun teh
bentukna kotak, ieu oge cenah tina RA tadi. jadi dina sakotak eta teh bisa
jadi nu saurang patani, tapi duaan atawa tiluan. sabab cenah keur
ngagampangkeun dina urusan teknisna, makana dijieun kotak. ieu oge peran
gede ti JA (japan agriculture), boga bank nepi ke desa-desa, jadi patani teh
dimodalan ku JA. lolobana patani boga lahan, tapi nu ngatur melak naon-naon
teh ti JA, patani nu ngolahna, nu ngajualna JA, sistim bagi hasilna kumaha
teu pati apal. ngan nu pasti mah patani di dieu baleunghar ...
rumah kaca (sanajan tina plastik) upamana, nu nyieunna teh urang JA, mun
gagal panen upamana, patani mah angger untung. bulan kamari, over product
kol, di sabaraha wewengkon diancurkeun, keur kaperluan stabilna harga, tapi
angger patani na mah teu rugi. lolobana nu tani teh aki-aki jeung nini-nini,
asal daek ngobrol we, dijamin unggal panen meunang sayuran gratis ...

atuh mahasiswa pertanian oge bari prak henteu ngan sakadar teori .. heu
heu jadi inget bodor di tempat kuring gawe, urang pertanian mah sagala bisa,
iwal ti pepelakan .. he.. he.. he..

budhi
kurono kopo 241

On 1/17/07, tantanhermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Hehe, Kang Bud,
> Araraneh di Nagri urang mah. Kabeneran kungsi rada apal saeutik
> ngenaan disertasina.
> Tapi anu janten hemeng teh, kunaon anu ditulisna, anu meunang pujian
> di Tim Penguji, jst teh bet teu dipakenya?
> Sigana, aya benerna oge analisis sababaraha ahli ngenaan anjeuna teh:
> peragu, kalebet kecapna (tulisana) sorangan. Meureun ta oge.
> Tapi, terus terang, kuring ayeuna keur ngaapresiasi. Sabab aya program
> pamarentah anu rek dilaksanakeun di Indonesia teh, kuring sapuk pisan:
> reforma agraria (RA).
>
> Tah sigana kang Budi tiasa ngobrol, kumaha RA di Jepun. Basa
> sababaraha bulan katukang, kungsi aya Prof ti Jepun: Furukawa Hisao.
> Ngobrol ngenaan RA di Jepang. Tapi rada hese nangkep logat inggrisna
> anu siga logat jepang, mung diksina wungkul inggris.
> Aeh, beuki sabalang bentor ieu teh...
>
> baktos
> tantan
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Budhi
> Setiawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Kang Tan ...
> > SBY teh pan DR jebolan IPB nya, meureun ayeuna tinggal prak naon anu
> jadi
> > disertasina, asana teh revitalisasi pertanian di Indonesia ... atawa
> kang
> > Tan nu nulisna ? heu heu heu
> >
> > budhi
> > kurono kopo 241
> >
> >
> >
> >
>
>


--
budhi at urang-sunda dot or dot id




--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Reply via email to