yeeh angger we aya pesen sponsorna ditukangeunnana ...

Sayah mah satuju jeung Mang J, Pemda jeung Pemkot teh kudu mikir rada
lila (20-30 taun) ka hareup ngeunaan sistim angkutan rahayat (sistem
transportasi publik). Contona, strategi Dephub UK teh ngaliputan waktu
30 taun ka hareup.

Baswey lumayan alus, ngan hanjakal ukur ngobatan gejala wungkul baswey
teh: macet di tengah kota. Ari panyabab macetna nyaeta kabutuhan
transportasi ti daerah kantong padumukan sakulibek Jakarta
(Jadebotabekserpong) tacan diopenan. Nya angger we jelma milih naek
mobil, da ti pinggir ka halteu baswey pangdekeutna tetp we jauh.

AlhamduliLlaah ayeuna lumayan aya kareta api commuter di Jakarta, tapi
can cukup. Terus rek aya monorel jeung subway, nya mudaj2an we lah.
Tapi ulah lila teuing, sabab mun lila teuing pas jadi pas kabutuhanna
geus naek deui. Mun kitu, nya antukna mah angger we tekor, alias tetap
siga ayeuna ngan pindah waktu hehehe...

Dina kawijakan publik oge sigana geus waktuna wakil2 urang teh neken
pamarentah supaya tiap nyieun kawijakan kudu bener2 konsultasi jeung
rahayat: ngumpulkeun usul, pamikiran jeung ideu... ulah saukur
sosialisasi sangges diteken kaputusanana. 

Sugan we ari transportasi geus alus mah nu make mobil, motor, nu
leumpang, nu dagang, jeung nu difable (different ability) teh teu
pasenggol2 deui di milis. 

Ari onderdil Kang NDoel mah keun wae pamarentah sina mikirkeun kumaha
carana urang lembur jadi karuateun mareuli motor, urang kota mah sina
anek baswae.

sakitu nyanyahoaningna...

baktos
yudi


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> heu heu ...
> 
> heug we parasea, nu laleumpang, nu marake motor, nu marake
> mobil ... sakalian paseaan tukang dagang nu daragang luhureun
> trotoar.
> 
> uing mah sakapeung sok kana angkot, sakapeung sok make mobil,
> ari mindengna mah kana motor. Kumaha kaperluanana we. Ari
> iinditan sorangan atawa duaan, nya kana motor meh ngirit.
> Depok Jakarta, balik deui ka Depok ngan sa litereun bensin.
> ti imah ka pagawean cukup ku sa jam naek motor. Mun naek mobil
> kudu indit subuh-subuh mun hayang nepi ka kantor samemeh jam 8.
> 3 jam-eun Jakarta Depok teh. Mun kana tol mah, geus nepi ka 
> Kopo boa nya ?
> 
> Teu sirikna urang kota mah kabeh ge jadi jalma stress. 
> Panumpang angkot atawa beus, kudu sabar jeung tawekal, salian
> ti kudu padedet dina jero beus, naekna oge kudu rada rikat.
> 
> Teu kudu dicaritakeun deui nu naraek kareta mah. tapi da kumaha,
> geus jadi kagiatan sapopoe.
> 
> Nu marawa motor jeung mobil sarua stressna, sarua pada hayang
> geura-geura nepi. Paheula-heula, teu kaop aya nu lowong, langsung
> nyelip. sulap selip tea atuh resep.
> 
> Ayeuna, meh ngurangan macet. Di Jakarta diberlakukeun jalur Baswey.
> beusna alus, supirna ge make dasi. Halteu-na geus ditangtukeun.
> moal kapegat ku macet. Target-na nu marake mobil teh sing naraek 
> kana beus, meh jalan teh teu loba macet. Tapi da angger, baswei 
> jalan, nu mawa mobil angger, nu naraek motor nambahan. can deui, 
> angkot, ojeg, beus kota, pasuliwer jeung busuliwer minuhan jalan.
> Sanajan sakumaha jalan di gedean ge, angger we macet mah.
> Tungtungna nambahan stress para pengguna jalan ...
> 
> kumaha atuh ? geus we atuh da geus kuduna kitu.
> tong dipikiran teuing bisi gering...
> 
> 
> Tapi, dipikir pikir, nyaaa...ari praktisna mah kana motor.
> 
> Uing mah ngadu'a teh sing laloba we nu baroga motor,
> meh mareuli onderdilna ka uing..
> heu heu..
> 
> 
> 
> -dul-
> tukangonderdil

Kirim email ke