Para Wargi Kusnet sadaya,

Sampurasun.

Mugi kersa ngahapunten. Sababaraha kali ngirim posting, nembe ayeuna maca 
aturan maen jadi anggota Kusnet. Padahal ngiringan di dieu teh tos 
mangtaun-taun. Mung biasana mah pasip bae, ukur ngiring maca sareng seuri 
kayungyun ku heureuyna Urang Sunda.. 

Ngaran kuring Iwan H. Suriadikusumah. Kokocoran ti aki palih pun bapa mah ti 
Sumedang. Dupi pun nini asli Palembang. Ti palih ibu rada tebih asal muasalna. 
Internasional we pokona mah! Namung ari lahir tur sakola mah dugi keun lulus 
SMAna di Bandung.

Pagawean rada jarambah. Kangtos ngumbara di Ustrali, Singapur tur lima taun 
dugi keun ka taun 2004 di Korea, sanaos rada sering pulang anting wangsul ka 
Pamulang. Sasatna unggal sasih mulang ngalongokan pun bojo sareng barudak anu 
teu puruneun ngariring ngumbara janten TKI di Korea. .

Dua taun ieu nyobi-nyobi mitembeyan hoyong ancrub ngawangun industri di lemah 
cai. Kabita ku keyeng tur heuras kahayangna urang Korea. 

Padahal Korea teh nagara nu miskin tanah tur sumberdaya alam. Tapi Angkatan 
Laut urang mesen kapal ge ka ditu. Padahal upami teu lepat mah, taun 70an teh 
Korea teu acan boga galangan kapal, ari di urang, galangan kapal 
mangpirang-pirang. PT DOK Surabaya wae didirikeun teh taun 1910! Piraku teu 
acan tiasa dipercanten ngadamel kapal keur kaperluan nagara sorangan?

Nya ku kituna niat ingsun ngabuktoskeun, yen bangsa urang ge teu eleh ku bangsa 
deungeun. Kaleresan dipercanten ngabangun HOVERCRAFT, asli buatan putra-putra 
Indonesia, desain sareng modal Indonesia. Masing nembe dua taun ngawitan, 
alhamdulillah tos hasil mroduksi lima unit nu ayeuna dianggo ku TNI Angkatan 
Laut.

Tebih keneh tina impenan hoyong tiasa ngunggulan produk mancanagara mah, tapi 
alhamdulillah da henteu pegat harepan. Tur dukungan mah sanis kanten ti mana ti 
mendi mah aya wae, masing nu janten panghalang ge teu kirang-kirang.

Sakieu heula kanggo nepangkeun. Sugan sangkan miara obor manjangkeun baraya, 
upami aya kalepatan dina basa kalayan tulisan mugi ulah janten regat manah, 
mugi kersa ngahapunten.

Nyanggakeun,

pun Iwan.

Kirim email ke