Kang Iwan..., haturan bagea wilujeng rawuh di lembur babakn Kusnet...,
geuning baraya heubeul oge nya sok sanajan ukur noongan bari jeung seuri
sorangan lamun aya nu aneh...hehehe..
mangga geura guar pangalamanana salami aber-aberan di nagri dengen saha nu
terang aya guna jeung manfaatna pikeun urang sarerea.
Teu hilap nenpangkeun sim abdi Iim bin Boim tea kawit ti Sumedang tapi pun
aki ti pun biang asli Padang sok sanajan ari nini mah asli Bandung sareng
pun bapa asli urang Sumedang (ti Paseh).

cag...ah, mangga teraskeun....! nuhun.

"kkbm'69"



On 2/5/07, Iwan H. Suriadikusumah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Para Wargi Kusnet sadaya,

Sampurasun.

Mugi kersa ngahapunten. Sababaraha kali ngirim posting, nembe ayeuna maca
aturan maen jadi anggota Kusnet. Padahal ngiringan di dieu teh tos
mangtaun-taun. Mung biasana mah pasip bae, ukur ngiring maca sareng seuri
kayungyun ku heureuyna Urang Sunda..

Ngaran kuring Iwan H. Suriadikusumah. Kokocoran ti aki palih pun bapa mah
ti Sumedang. Dupi pun nini asli Palembang. Ti palih ibu rada tebih asal
muasalna. Internasional we pokona mah! Namung ari lahir tur sakola mah dugi
keun lulus SMAna di Bandung.


Sakieu heula kanggo nepangkeun. Sugan sangkan miara obor manjangkeun
baraya, upami aya kalepatan dina basa kalayan tulisan mugi ulah janten regat
manah, mugi kersa ngahapunten.

Nyanggakeun,

pun Iwan.

Kirim email ke