Wilujeng siang deui,...he he,..punten nembe ngawalon yeuh...malum internet ti 
bumi mah kedah rada dietang sesuai budget, he he..
Aya kujang nu langkung kolot, saurna periode Galuh, malih sateuacanna, nu rada 
husus, dina wangun panyepengna (gagang), biasana ngawangun wanara/ monyet anu 
cindukul, tina tarang wanara aya kaluar mangrupi kujang ciung. Saurna ieu aya 
hubunganana sareng lelegnda Ciung Wanara. Kujang nau ngora mah saurna ti 
periode Sumedang saparantos Pajajaran runtag, aya oge nu nyebat periode Cirebon.
Rupi-rupi kujang : kujang ciung (siga manuk ciung), kujang jago (hayam jago), 
kujang kuntul, kujang bangkong, kujang badak, kujang pangarak.
Upami ningal rupi-rupi kujang (tina gambar) koleksi Hazeu, koleksi Rouffaer, 
sareng koleksi Hurgronje, memang katingal buhun pisan.
Kitu deui keris Pajajaran, rada benten dina gagangna, ceperna henteu sajajar 
sareng kerisna, tapi sabalikna, upami ditelek-telek memang sapertos wanara 
cindukul. 
gambar ieu saurna kujang buhun, mangga we tingal gagangna, sareng karakter 
bahan (ieu mah sanes ceuk sim kuring tapi saur nu masihan gambar)
Perkawis munuu, wios lah urang jelaskeun sahinasna we....he he...tadina mah 
sugan we aya basa indonesia anu sami hartosna sareng sakecap.

MSas
    ----- Original Message ----- 
    From: brad porenges 
    To: [email protected] 
    Sent: Wednesday, March 28, 2007 2:11 PM
    Subject: Re: [Urang Sunda] Kujang, saeh jeung basa Sunda


    Wilujeng siang Ua,

    Upami teu lepat anu ngabewarakeun wirehna di tatar sunda aya empu 
Anjani/Hanjani? teh dina buku khusus "perkerisan" karangan urang Solo, hilap 
deui judul sareng nami nu nyeratna. Oge hilap deui tipe keris urang Sunda, duka 
lup 9 atanapi lup 13. Di Jawa mah aya duanana. Ngan keur abdi jadi mucunghul 
rupa2 ka panasaran. Keris teh asalna timana? ti Jawa, Sunda atawa ti luar pulo 
Jawa? Ari Kujang kumaha lalakona, bener boga karuhun urang baheula atawa karek 
anyar?  

    Kataji ku perkawis kecap munuu, abdi resep kanu munuu..munuu teh Wa :) 
Gening aya babasan nu kieu unina: "disampakeun bakakak nu ngadangkak, bolu nu 
munuu". "Bolu meni munuu kitu!" sareng "Ceples apeum euy, munuu!". Upami kecap 
"munuu" sami hartosna sareng kecap "muncugug"? Dina bahasa Indonesia 
"sangeunahna" panginten tiasa oge ngangge kecap "menggunung" atanapi dina 
"peristilahan" kaca eunteung(cermin) atanapi lensa aya kecap "cembung" sareng 
"cekung". Munuu langkung condong ka cembung panginten. Panginten kitu oge! 

    porenges


<<attachment: Kujang_Buhun_0019.jpg>>

Kirim email ke