Basa poe Jumaah tanggal 30 Maret 2007 kamari, kuring ngagidig nepungan AA 
Misan, Alhamdulillah tepang malah langsung, disampakeun buku buku sakuriling 
rohangan, didinya tos nyampak aya duaan, barudak keneh, mun teu salah ti Aliyah 
( satingkat SMU) ti Cicalengka.
Harita keneh der "ngadu bako" make basa Inggris. Heu heu...keur kuring mah nu 
ngan bisa saukur ye yeseun, nyakitu tea sabulang bentor cacarita teh, tapi bet 
jadi resep, teu inggis salah jeung teu sieun disebut euweuh kabisa, da ngaranna 
ge diajar.
Teu lila jol deui sababaraha urang nu datang, istri alias ibu-ibu, aya nu ti 
Unpas, aya nu ti .......lah poho deui mun teu salah mah ti sakola bisinis 
Bandung. Ngobrol kaditu kadieu, silih tembrakeun pangalaman di luluguan ku Kang 
Misan nu basa Inggrisna tapis jeung kadengena (logatna) basa Inggris pisan, 
lain basa Inggris logat Sunda tea.
Meakeun waktu sajam satengah teh teu karasa, jam satengah duawelas bubaran. 
Kuring mah balik teh ngingkig heula ka JL Mutiara ngadon Jumaahan di hareupeun 
SMP 13, bari rada culang cileung di Masjid teh neangan Pa Cece Hidayat, guru nu 
ngawulang di SMP 13, hanjakal teu panggih.
Balik Jumaahan terus nyimpang ka Kliningan ka PSS jeung Cupumanik, panggih 
jeung Kang HW, aeh enya samemeh ka Cupumanik teh nyimpang heula ka warung sangu 
di Jl Kliningan, biasa pa sanggeus Jumaahan mah sok karasa lapar.
Di Cupumnaik der ngawangkong deui jeung Kang HW jeung Pa Embas. Kabeneran di 
Cupumanik teh papanggih jeung Pa Undang A Darsa, Ibu Tien Wartini, filolog nu 
keur nalungtik naskah kuno Sunda, euleuh geuning loba keneh naskah Sunda kuno 
anu can katoel-toel, aya rebuan naskah, nu kudu dibaca tur ditranskripsi kana 
aksara Laten tuluy ditarjamahkeun kana basa Sunda ayeuna, malah media tulis aya 
nu dina awi tamiang, ceuk Pa Undang nu dina media model kitu mah baheulana teh 
dianggap jimat. Sakabeh naskah Sunda kuno nu rek ditalungtik teh aya di 
Perpustakaan Nasional Jakarta, hiji waktu mah bet jorojoy hayang ngalongok, rek 
ngilu we ka Pa Undang ah....ambih babari asupna, maksud teh lain asup ka Pusnas 
na tapi ningalian naskahna, ari bareng jeung nu geus manukna mah moal loba 
teuing ditanya, rek nangkod we ka Pa Undang. Mulang ti Cupumanik teh sanggeus 
asar, da rada kahalangan ku hujan, girimis leutik.
Jadwal "ngadu bako" dina basa Inggris teh poe Rebo jam 10 nu bakal datang, 
kuring mah rek terus ngiluan, sugan we atuh jadi maher.

MSasmita

  ----- Original Message ----- 
  From: AA misan 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, March 27, 2007 4:48 PM
  Subject: [Urang Sunda] WHO WANTS TO BE ABLE TO SPEAK ENGLISH ?????


  Assalamu'alaikum Wr Wb ........
  Ka sadayana baraya Kusnet,

  Subject di luhur ngahaja ku basa deungeun supados rada 'merangsang' ka
  sing saha bae nu ngabogaan minat oge niat plus motivasi (kitu deui cita-cita)
  hayang fasih basa Inggris. Mangga dihaturan sumping ka :
  Jalan Nilem  V / No.2A  -  Buah Batu
  Dinten Rebo + Jumaah
  Tabuh 10.oo AM  dugi ka 11.30 AM
  Biaya ? HARATIS alias TEU MAYAR alias FREE-OF-CHARGE  !!!!!
  Dijamin bakal fasih alias norolang dina ieu basa deungeun asal kersa
  janten anggota setia jeung diajar soson-soson .
  Hayang cas-ces-cos jeung urang Amrik atawa urang Inggris asli ? Nu kitu
  mah teu sulit. Najan sa losin oge, 'si bule' available !
  Diantos pisan kasumpinganana .

  Wasalam
  A Misan .


Kirim email ke