nuhun kang. enya jigana mah maca sapotong-sapotong. biasa we maca teh tamba nganggur ngadadago tunduh :D
tapi ke heula kang. geuning carita sikuring aya nu ngadukung. di wikipedia ( http://su.wikipedia.org/wiki/Karajaan_Sunda) ditulis: Rahyang Tamperan ngawasa Sunda-Galuh salila tujuh taun (732-739), lajeng ngabagi kakawasaan ka dua putrana: Sang Manarah (dina carita rahayat disebut Ciung Wanara<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Ciung_Wanara&action=edit>) di Galuh sarta Sang Banga (Hariang Banga) di Sunda. Sang Banga (Prabhu Kertabhuwana Yasawiguna Hajimulya) jadi raja salila 27 taun (739-766), tapi ngawasa Sundana mah ti taun 759. sedengkeun nu ngadegkeun majapait, raden wijaya tea mah anakna rakyan jayadarma ti dyah lembu tal putri mahisa campaka incuna ken arok. caritana rada kabehdieunakeun. raden wijaya kuduna mah jadi raja sunda ngan kusabab basa rakyan jayadarma maot, rd wijaya masih can sawawa, nya diselang ku emangna rakyan ragasuci. ngan teuing kunaon, raden wijaya kalahka ngalolos ka singasari nepi kabisa ngadegkeun majapahit. sakitu heula, cape hehe dh ps: oh enya mun teu salah judul buku nu dibaca teh sundalana, kenging mang ayat On 4/10/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ah si akang mah maos teh beut sapotong-sapotong, atuh janten ical konteksna. Henteu aya anu lepat dina seratan Dr. Edi S. Ekajati. Salian negeskeun batas wilayah Sunda sacara historis nganggo referensi Bujangga Manik, anjeunna oge negeskeun batas wilayah Sunda ngango referensi kesamaan budaya tradisi lisan sareng tulisan ngeunaan "Ciung Wanara sareng legenda Cipamali" antawis urang Jabar sareng urang Jateng bagian kulon leupas tina leres henteuna jujutan Ciung Wanara. Dina hal ieu, Dr. Edi S. Ekajati ngutip pantun "Ciung Wanara" anu nyarioskeun tarungna dua sadulur Ciung Wanara sareng Hariang Bangga anu ditungtungan ku dibagina wilayah dumasar kana walungan Cipamali. Cobi saha anu gaduh pantun Ciung Wanara, sanggakeun ka ieu milis supados langkung jelas. Wassalam, Asep _,___
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

