Nu dimaksad teh saperti dina friendsters naha aya anu sasama, ngarah rada 
nyambung. DP.  

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          haturan ki Djakaria. punten 
ngaakikeun. da simkuring mah asup ka kategori sapertilu tungtung 20-an taun 
keneh ;) jeung punten deui upama basa sikuring cologog. cek batur mah malah 
basana kasar cenah, lain embung make basa nu cenah lemes. lain embung deuih 
ngahurmat saluhureun, komo ieu pantaran aki kuring ku basa nu lemes. ieu mah 
ukur sakabisa kuring pikeun kampanye teu kudu era make basa nu cenah loma. 
sikuring sering pisan, boh di dieu atawa di tempat sejen, maca jeung ngadenge 
cenah era make basa sunda, sieun kasar. nya di dieu, di dunya maya pisan cek 
sikuring tempat nu merenah pikeun miceun eta kasieun. di dieu urang teu bisa 
nembongkeun kakolotan umur urang jeung batur ngobrol urang. di ieu tempat mah 
umur geus teu jadi variabel nu penting, malah geus bisa disieuhkeun pisan. 
najan sikuring can bisa konsisten. komo lamun nu diajak gunem catur di ieu 
milis kungsi paamprok di darat. 

tah bisi sikuring salah harti. simkuring teh can tiasa nangkep naon 
nudipikahoyong ku aki. maksudna misah-misah dumasar umur teh kumaha? 

nuhun jeung hampura saacanna

dh

  On 5/1/07, Djakaria Purawidjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            
  Ka urang Sunda,
  Sababaraha poe ieu teu weleh meunang informasi anu marunel ti urang sunda 
group. Jadina bisa nyaho kana perkembangan masyarakat urang sunda dina danget 
ieu. Hal ieu moal dileuleungtkeun sarta rek tuluy dimontor, malah sakali 
kalieun tangtu milu ngalokan anu kira kira bisa dialokan. Dina olah raga kadang 
kadang sok aya kelas kelasna dumasar katagori umur. Kumaha aya rencana milah 
milah tapi lain hartina misah misah? 
  Rupina sakieu heula ti sim kuring. Keur panambah informasi, sim kuring tos 
lebet kana " the fading generation", tapi kana kasundaan mah moal nepika 
"ngahiang = terjemahan tina Fading". Lamun kelas umur 65 - 70 taunan, naha aya 
katagori ieu? Wass DP. 
  
  
---------------------------------
  







-- 
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com   

         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke