Abah,

Punten ah bade wawantunan ngengklokan ieu paguneman, sim kuring mah rumaos
masih hejo keneh upami dijajarkeun sareng para sesepuh anu sakitu geuning
yuswana komo pangalaman sareng elmu panemuna panginten. Anu diseja teh mugia
tiasa ngabagi eta elmu sareng pangalaman ka anu pantaran sim kuring. Kapan
upami teu lepat mah urang teh hoyong ngamumule sunda ngaraha urang sunda
utaminamah para nonoman teu pareumeun lampu, Janten der wae atuh abah bade
ngabahas naon wae oge didieu ngarah aya elmu pulungan kanggo abdi sareng
saha wae anu peryogi, Insya Allah upami tiasa nyambung bade wawantunan
nambihan upami teu tiasa atuh bade ngadepong wae diajar ... matak ulah di
wilah-wilah nya Bah ...

Salam,
Budyana


On 5/2/07, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Abdi mah paling teu percanten kabedaan umur terus
janten teu nyambung. Eta mah kumaha urang..kumaha
wawasan urang..kumaha kahayang urang..... Puguh sae
pisan ieu BS sareng US teh anggotana sagala
umur..pasti nyambung lamun tiasa nyambungkeunana. Hese
? Eta mah tangtangan atuh ! Teu resep ? Eta poko
pasoalanana.

--- Djakaria Purawidjaja
<[EMAIL PROTECTED] <djakariapurawidjaja%40yahoo.com>> wrote:

> Nu dimaksad teh saperti dina friendsters naha aya
> anu sasama, ngarah rada nyambung. DP.
>
> Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED] <dudi.herlianto%40gmail.com>>
wrote:
> haturan ki Djakaria. punten ngaakikeun. da
> simkuring mah asup ka kategori sapertilu tungtung
> 20-an taun keneh ;) jeung punten deui upama basa
> sikuring cologog. cek batur mah malah basana kasar
> cenah, lain embung make basa nu cenah lemes. lain
> embung deuih ngahurmat saluhureun, komo ieu pantaran
> aki kuring ku basa nu lemes. ieu mah ukur sakabisa
> kuring pikeun kampanye teu kudu era make basa nu
> cenah loma. sikuring sering pisan, boh di dieu atawa
> di tempat sejen, maca jeung ngadenge cenah era make
> basa sunda, sieun kasar. nya di dieu, di dunya maya
> pisan cek sikuring tempat nu merenah pikeun miceun
> eta kasieun. di dieu urang teu bisa nembongkeun
> kakolotan umur urang jeung batur ngobrol urang. di
> ieu tempat mah umur geus teu jadi variabel nu
> penting, malah geus bisa disieuhkeun pisan. najan
> sikuring can bisa konsisten. komo lamun nu diajak
> gunem catur di ieu milis kungsi paamprok di darat.
>
> tah bisi sikuring salah harti. simkuring teh can
> tiasa nangkep naon nudipikahoyong ku aki. maksudna
> misah-misah dumasar umur teh kumaha?
>
> nuhun jeung hampura saacanna
>
> dh
>
> On 5/1/07, Djakaria Purawidjaja
> <[EMAIL PROTECTED] <djakariapurawidjaja%40yahoo.com>> wrote:

> Ka urang Sunda,
> Sababaraha poe ieu teu weleh meunang informasi anu
> marunel ti urang sunda group. Jadina bisa nyaho kana
> perkembangan masyarakat urang sunda dina danget ieu.
> Hal ieu moal dileuleungtkeun sarta rek tuluy
> dimontor, malah sakali kalieun tangtu milu ngalokan
> anu kira kira bisa dialokan. Dina olah raga kadang
> kadang sok aya kelas kelasna dumasar katagori umur.
> Kumaha aya rencana milah milah tapi lain hartina
> misah misah?
> Rupina sakieu heula ti sim kuring. Keur panambah
> informasi, sim kuring tos lebet kana " the fading
> generation", tapi kana kasundaan mah moal nepika
> "ngahiang = terjemahan tina Fading". Lamun kelas
> umur 65 - 70 taunan, naha aya katagori ieu? Wass DP.
>
>
>
> ---------------------------------
>
>
>
>
>
>
>
>
> --
> dh
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
> datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
> Check outnew cars at Yahoo! Autos.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com



Kirim email ke