Assalaamu `alaykum,

Akang, ceuceu, miwah palawargi sadaya.
Kana paguneman ngeunaan "milik saha kacapi suling?" Aya sababaraha hal anu
kaemutan:

1. Kacapi, mangrupakeun alat musik petik dina kelompok 'zither'. Kalebet
dina kelompok ieu, nyaeta:
"guzheng" di cina (http://en.wikipedia.org/wiki/Guzheng)
"koto" di Jepang
"kayagum" di Korea.

2. Suling, mangrupakeun alat musik tiup tina, didamel tina awi. Kalebet dina
kelompok ieu, nyaeta:
- suling dangdut
- suling Jawa

Saupami di tilik-tilik, ampir teu aya bentenna antawis dedegan awak kacapi,
ghuzeng, koto, atanapi kayagum, oge dedegan suling jawa sareng suling Sunda
(ampir) sarupa pisan.

Di Cina, musik guzheng sareng suling awi oge aya, sarupa kacapi sulingna
Sunda (cobi pilari di Youtube). Kukituna, rada sesah saupami diaku yen
kacapi suling teh musik asli ti Sunda. Da di Cina oge aya, da di Jawa oge
aya.. Di Cina malihan mah kabudayaanana pan langkung kolot batan kabudayaan
Sunda. Guzheng nyalira, numutkeun informasi ti Wikipedia, parantos aya ti
taun 91 memeh Masehi. Ari kacapi suling di Sunda ayana ti iraha?

Nu ngabentenkeunana nyaeta:
- titi laras (tangga nada): aya pelog, salendro, sorog/madenda
- lagu anu dipaenkeun.

Dina hal titi laras oge sanes 'monopoli' urang Sunda, da di Jawa oge aya
pelog, slendro, sareng sorog.

Abdi ningal, anu tiasa diaku jadi 'milik' bangsa Sunda dina hal musik kacapi
suling ieu, nyaeta:
1. Karya-karya musikna, misal: papatet, rajamantri, mupu kembang, papatet
ratu, pajajaran, toropongan, jste.
2. Wanda-wandana, misal: papantunan, jejemplangan, rarancagan, dedegungan,
jste.
3. Wangun/desain kacapi parahu (anu teu aya di nu sanes).

Tah, tiasa janten Malaysia teh gaduh komposisi lagu musik kacapi suling
nyalira anu benten sareng anu aya di urang. Atanapi desain kacapi anu
benten. Lamun kieu, urang teu tiasa ngaku-ngaku musik eta teh milik urang.
Cobian diparios deui, musik kacapi suling nu mana anu diaku ku Malaysia teh.
Aya henteu dina daptar lagu hasil karya bangsa sunda?

Tahapan kahiji panginten, urang kedah ngalaksanakeun inventarisasi lagu-lagu
karya karuhun urang, katut saha-saha anu kungsi nyanggina.

Dina hal inventarisasi ieu, alhamdulillah aya nu sigep, nyaeta Frédéric
Goldenberg (atanapi kang Wawan B.) ti Perancis. Anjeunna ngadamel website
http://www.sunda.fr . Di dinya aya rebuan naskah kawih karya urang Sunda,
rumpaka tur tablatur/partiturna.

Pami aya nu bade ngabantosan, sumangga parios webna kang Wawan eta ;-)
Anjeunna linggih di Bandung. Cobi pilarian.

Wassalaam,
Dian.

On 6/18/07, hidayat sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Maca koran PeEr poe ieu 19 juni' 07 ,aya  nu ngawawarkeun :* Angklung
jeung Kacapi suling.*
sok toong geura,

http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2007/062007/19/0106.htm


tk-keusik



------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
Try the free Yahoo! Mail Beta.

.

Reply via email to