Pan anu diangkutan tina Server kana slave na teh data,
sareng sabalikna upload oge naekkeun data ka dunungan
nyaeta Server pan. Kumaha supados gampil; Download =
lungsur(keun) data,  Upload = Naek(keun) data. Data
naon Sunda na ?

--- urang_cupumanik <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Dina basa Indonésia memang remen maké kecap "unduh"
> keur gaganti
> "download" téh. Tapi ari keur "upload" naon? Asa
> tara kacaturkeun.
> 
> Ongkoh deuih, kecap "unduh" gé beunang nyokot tina
> basa Jawa (undhuh)
> nu hartina metik (kana bungbuahan), di Sunda mah
> hartina kira-kira
> sarua jeung "mupu". Kecap "unduh" geus asup kana
> basa Sunda (meunang
> ngundeur ti Jawa), da di urang aya istilah "ngunduh
> mantu".
> 
> Dina basa Sunda aya sababaraha kecap nu hartina
> ngaharib-harib kana
> "unduh".
> 
> undeur, ngundeur = ngala/metik lalab
> pupu, mupu = ngala (bungbuahan) dina jumlah nu rea
> pipit, mipit = meh sarua jeung metik, ngala saeutik
> kunjal, ngunjal = ngakutan (barang, jsb) ti hiji
> tempat ka tempat séjénna
> 
> Sigana nu leuwih merenah mah "kunjal" (download)
> jeung "ngunjal"
> (nga-download). Ieu kecap sok dipake ku sawatara
> urang keur
> babandingan "download".
> 
> Aya deui kecap "pancal, mancal" nu hartina naek
> (ngajugjug) ti handap
> ka luhur. Sakapeung sok kapikiran mun "kunjal" jeung
> "pancal" dipaké
> babandingan kecap "download" jeung "upload".
> 
> Tapi deuih, ari istilah téknologi mah apan
> sabisa-bisa kudu populér
> jeung kaharti ku balaréa. Nyanggakeun.
> 
> 
> =================
> > On 6/20/07, asep rahmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > >   Punten manawi katampi. dina bahasa Indonesia
> istilah download
> parantos
> > > diindonesiakeun janten "unduh." parantos dianggo
> ku sababaraha media
> > > sapertos Tempo. Kumargi dina bahasa Sunda tos
> aya kata "unduh" anu
> hartosna
> > > sami sareng "unduh" sebagai padanan download,
> urang sunda tiasa
> nganggo
> > > "unduh" kanggo ngagentos download.
> 
> 
> 



 
____________________________________________________________________________________
Get your own web address.  
Have a HUGE year through Yahoo! Small Business.
http://smallbusiness.yahoo.com/domains/?p=BESTDEAL

Reply via email to