Hmm...meni seueur nu ngewa ka pulisi nya di milis ieu teh.... ----- Original Message ----- From: Roro Rohmah To: [email protected] Sent: Tuesday, June 26, 2007 11:39 AM Subject: [Urang Sunda] Re: Pulisi jujur jeung amanah
Pulisi (Seri Hidayah) Aya pangsiunan Polantas maot. Nu ngurus mayitna teh bingungeun, da leungeun mayit teh jegjreg, ramakah teu bisa disidakepkeun sakumaha ilaharna mayit nu rek dibulen ku boeh. Nu ngurus mayit panasaran, manehna ngetrukkeun jajampean sabisa-bisa. Angger leungeun mayit teu bisa disidakepkeun, manehna ngabejakeun masalah ieu (bari haharewosan) ka Ajengan nu dipikolot di wewengkon eta. Ku Ajengan masalah ieu ditanyakeun ka kulawarga si mayit, kunaon pangna mayit teh bisa kitu? Boga dosa naon salila manehna hirup di alam dunya? Pamajikanana nembalan bari cumalimba,"Kieu Mama Ajengan, waktos jenatna masih keneh dines, anjeuna teh sok nilangan jalmi nu teu tuah teu dosa. Sakapeung anjeuna sok nyumput dinu buni, ngadodoho batur nu "melanggar lalulintas". ujug-ujug,"Priiiiiitttt.Wayaaaah! Beunang siah! (jero hate manehna). Tah, motor teh euweuh pentilan! Spionna mana?! Pokonamah dikodekan pitilangeun teh..". Ajengan unggut-unggutan, manehna ngartieun. Der, sakali deui manehna ngadua nu bener-bener ka Gusti Nu Maha Suci. Beres ngadua manehna menta duit ka pamajikan si mayit. Pamajikakanana kerung da teu ngartieun, bari golosor..manehna mere duit Rp. 5.000 ka Ajengan. Duit ditampa ku Ajengan, bari terus diteundeun dina dampal leungeun si mayit. Leungeun mayit angger jegjreg, ramakah. Keur kadua kalina, Ajengan menta deui ka pamajikan si mayit Rp. 10.000,- diteundeun deui dina dampal leungeun si mayit. Angger, teu daekeun. Katilu kalina Ajengan ngenta duit Rp. 20.000,- ka pamajikan si mayit.bari ngagerentes jero hate," Nista, maja, utama.ma'nya ieu mayit masih keneh teu beukieun duit duapuluh rebu?!" Bari neundeun eta duit nu Rp. 20.000,- dina dampal leungeun si mayit. Sakedet netra, dampal lengeun mayit nutup sorangan, ngepeul eta duit!!! Jeung deuih ujug-ujug leungeun bisa disidakepkeun ku Ajengan. Hehehe...punten kanggo baraya nu kantos ngadangu dongeng ieu .da, pami dibilang mah dongeng pulisi teh seueur pisan "picarioseunnana" boh nu sae komo nu awonna mah. ro2

