Tah...ieu sarua jeung kalakuan uing.
Naros soteh pedahna sok aya nu merhatikeun tur nanya....:"kang kunaon
bet jadi lima rokaat?".
Penjelasanna, saat uing masbuq...asup barisan ma'mum...karek oge rengse
takbir, imam geus ruku.
Tah can sempet maca Al-Fatihah, so what....... uing sholat lohor lain
lima rakaat tapi ngalengkepan Al-Fatihah
 
-----Original Message-----
From: kang boim [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Thursday, July 05, 2007 9:47 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Masbuq
 
Baraya...,
ngiring nambihan ah....perkawis masbuk anu teu sempet maca surat
Al-fatihah numutkeun naon anu pernah ku sim abdi kabaca dina buku
pangajaran sholat karangan  A.Hasan tetep kedah nambih rakaat
kakuranganana margi bacaan surat Al-fatihah dina sholat mangrupakeun
bacaan wajib, sok sanaos urang sempet ngiring ruku. 
Terus lamun urang jadi ma'mum dina waktu imam maca surat Al-fatihah
urang oge kudu ngilu bareng maca surat al-fatihah, ngan lamum imam
dijaharkeun (jelas/ditarikeun)  sedengkeun ma'mum disirkeun (dijero
hate' teu kaluar sora) ieu ngama'mum dina sholat maghrib, isya sareng
subuh. 

sakitu nurutkeun pamendak sim abdi mah, punten bilih aya anu teu
sapagodos salajeungna mah mangga nyanggakeun kana kayakinan
masing-masing mana sakirana anu cocok/loyog sareng kayakian
masing-masing. nuhun.

"kkbm'69"
 

Reply via email to