Heuheu* deui*
Wengi cinutrung payuneun TiPi, Alhamdulillah tos aya wawakil ti Malay nu 
nyuhunkeun dihapunten* tah, kitu kedah rumaos atuh gaduh lepat teh nya! 
(ngiring nasteung...).
Kang Ndoell, leres pisan DAN 1 ku DAN KAWAN2 pasti kawon atuh*tapi jigana sanes 
teu wantuneun ngalawan, da yakin ma enya sakitu wasit, pasti teu "kosong" 
teuing, dirempug ku opatan* cingcay lah*
Jiganamah (ih, titatadi disiga-siga wae *)  sieuneun ku DAN BEDIL, da Pulisi 
mah sok nyanyandak pestol* Sok geura, sakumaha jagona bela diri hiji jalmi 
wayah kiwari ku pestol mah eleh, kajabi jamanna si Pitung*heheh. 
ro2


"ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> Thu Aug 30, 2007 12:04 pm 
Heu heu ...
Aneh nya. Kieu yeuh ari sagala berita di 'blow-up' teh.
jadi we siga kasus nu heueuh. Apan dongeng Pelatih Karateka
nu digebugan teh pan kakarek versi urang. Ari versi urang
dituna apan acan jelas.

Barina oge, maenya teuing polisi ditu ujug-ujug ngagebugan mah.
Pastina oge aya sababna. Kudu dipaluruh heula.

Jaba ti eta, naha atuh lain ngalawan ? apan Karateka lin ?
Enya sih wasit, pastina ge bisa atuh sajurus dua jurus mah,
Maenya teu bisa nangkis-nangkis acan mah. Keun we urusan mah
kumaha engke, da ngarana ge ngabela diri. Mun enya manehna bener
eta oge.

eh ketang najan geus tingkatan DAN-1 ge, ari lawan-na
DAN Kawan-kawan mah angger eleh oge nya ?

Ngan uing mah heran oge...
Kajadian diurang ge apan loba nu sarupa kitu teh.
Aparat nu arogan, jadi tukang beking, ngagebugan jelma,
ngagusur tukang dagang, premanisme jeung sajabana...
tapi geuning hare-hare..
boro-boro aya demontrasi sagala..

Lain mangmilukeun ka Malaysia, lain...!
tapi urang teh kudu proporsional. Da urang Malaysia ge teu
goreng kabeh. Pagawean oknum-na we wungkul.
Mun garoreng kabeh mah, Siti Nurhaliza ge pasti bogoheun
ka Kang Bohay..

heu heu


-dul-
tukangteuing

Kirim email ke