Kang Ya Ya, nepangkeun abdi Roro, kawit ti Cikareo-Wado.
Asa kantos ngaraosan tapi sanes dodol, mangrupi aci nu ditamblegkeun sapertos 
kueh Lapis atanapi Hunkwe, da pun nini (jenatna) sedep pisan kana eta 
katuangan. Pami ningali wangunna mah sarupi sareng gambar dina pail nangkod nu 
dikintun Kang Ya Ya.

Anjeuna sok pirajeunan ngadamel nyalira, konengna diparud diala acina, digula 
beureuman sareng kalapa ngora dihijikeun, janten paitna kasilep ku kalapa 
ngora, teras dikocek supados galo.
 
Kedah ka Situraja mah tebih teuing atuh*. Ke ah, InsyaAllah pami ka lembur bade 
sindang heula, etang-etang babaktos ka nini.  Saur pun biang mah pami emut ka 
karesep sepuh nu tos ngantunkeun utaminamah katuangan, kedah nyebat 
kieu,"Nini...ieu aci koneng gede, babaktos*" bari blem diemam* heheh.

Ro2


>>> [EMAIL PROTECTED] 09/04/07 01:24PM >>>
Baraya.....

Saha cik nu kantos ngaraosan dodol koneng gede atawa
dodol temulawak, raooosss pisan tur sae kanggo
kasehatan, palay ngaraosan? Mangga ka Pasar Situraja
Sumedang unggal enjing pasti aya nu dagang dodol
temulawak....oge mangga buka ieu web:

http://www.netsains.com/index.php/page_info/pid_254#comment

Sonona,

Yaya Rukayadi, Ph.D
B504, Biomaterials Research Laboratory
Department of Biotechnology
College of Engineering, Yonsei University
134 Sinchon-dong, Seodaemun-gu
Seoul, 120-749, South Korea
Tel: 82+2+2123+4097
Fax: 82+2+362-7265
Mobile: 82+10-7677-0817
E-mail: [EMAIL PROTECTED]

Kirim email ke