Naha nya, ti baheula nepi ka ayeuna, Setum teh
warna-na koneng ?
aya nu apal ?
uing mah teu apal...da basa pelajaran setum nundutan...


-dul-

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Kebo Hideung" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Mang Utas : "Koneng Gede mah mun teu salah mah setum..!
> Si Alo        : " Sanes Mang..... ieu mah da kanggo bahan 
tuangeun."
> Mang Utas : " Cek aing setum...setum...!"
> Si Alo        : "Dasar jalma teu waras..."
> Mang Utas : "Puguh keur teu ngareunah body ieu teh euy.."
> Si Alo        : "Jaka sembung mawa bedooooooooog !"
> Mang Utas : "heueuh atuh..piraku Jaka Sembung mawa pestol."
> Si Alo        : grrrrrrrgrgrghh @#$%&^!!!!???????
> 
> Kebo
> Melenyun udud
> 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: ndoell 
>   To: urangsunda@yahoogroups.com 
>   Sent: Wednesday, September 05, 2007 12:05 PM
>   Subject: Re: [Urang Sunda] Dodol Koneng Gede (Dodol temulawak)
> 
> 
>   Koneng Gede ..
>   Nya Koneng nya Gede ..
>   heu heu ..
> 
>   Koneng Gede teh di lembur abdi mah disebut Koneng Temu.
>   Nya temulawak tea meureun.
> 
>   Ari Koneng Hideung naon nya ?
>   Nya koneng nya hideung atuh ?
> 
>   -dul-
> 
>   --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Roro Rohmah" <Roro.Rohmah@> 
>   wrote:
>   >
>   > Kang Ya Ya, nepangkeun abdi Roro, kawit ti Cikareo-Wado.
>   > Asa kantos ngaraosan tapi sanes dodol, mangrupi aci nu 
>   ditamblegkeun sapertos kueh Lapis atanapi Hunkwe, da pun nini 
>   (jenatna) sedep pisan kana eta katuangan. Pami ningali wangunna 
mah 
>   sarupi sareng gambar dina pail nangkod nu dikintun Kang Ya Ya.
>   > 
>   > Anjeuna sok pirajeunan ngadamel nyalira, konengna diparud 
diala 
>   acina, digula beureuman sareng kalapa ngora dihijikeun, janten 
>   paitna kasilep ku kalapa ngora, teras dikocek supados galo.
>   > 
>   > Kedah ka Situraja mah tebih teuing atuh*. Ke ah, InsyaAllah 
pami 
>   ka lembur bade sindang heula, etang-etang babaktos ka nini. Saur 
>   pun biang mah pami emut ka karesep sepuh nu tos ngantunkeun 
>   utaminamah katuangan, kedah nyebat kieu,"Nini...ieu aci koneng 
gede, 
>   babaktos*" bari blem diemam* heheh.
>   > 
>   > Ro2
>   > 
>   > 
>   > >>> yr32@ 09/04/07 01:24PM >>>
>   > Baraya.....
>   > 
>   > Saha cik nu kantos ngaraosan dodol koneng gede atawa
>   > dodol temulawak, raooosss pisan tur sae kanggo
>   > kasehatan, palay ngaraosan? Mangga ka Pasar Situraja
>   > Sumedang unggal enjing pasti aya nu dagang dodol
>   > temulawak....oge mangga buka ieu web:
>   > 
>   > http://www.netsains.com/index.php/page_info/pid_254#comment
>   > 
>   > Sonona,
>   > 
>   > Yaya Rukayadi, Ph.D
>   > B504, Biomaterials Research Laboratory
>   > Department of Biotechnology
>   > College of Engineering, Yonsei University
>   > 134 Sinchon-dong, Seodaemun-gu
>   > Seoul, 120-749, South Korea
>   > Tel: 82+2+2123+4097
>   > Fax: 82+2+362-7265
>   > Mobile: 82+10-7677-0817
>   > E-mail: yr32@
>   >
>


Kirim email ke