Leres kang..abdi Roro.... Kebo Lumpat hihihihihi
----- Original Message ----- From: Rukayadi Yaya To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Wednesday, September 05, 2007 12:20 PM Subject: [Urang Sunda] Asa apal ka Neng Roro... Ke ieu teh Roro Cikareo Wado? Baheula keur budak di Situraja aya urang Wado ngumbara ka Situraja margi ramana damel di KUA Kacamatan Situraja (pami teu lepat). Tah salah sahiji putrina namina Roro Romlah oge rakana Roro Romlah teh namina Sarah...tapi pami teu lepat mah sanes Sarah Sechan. Neng Roro jeung Neng Sarah teh rerencangan Kang Yaya ngaji di Tajug guru ngajina namina Kang Eman, tukang baso ngarangkep guru ngaji. Leres kitu ieu teh Roro nu kantos di Situraja? Sonona Kang Yaya --- Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Ya Ya, nepangkeun abdi Roro, kawit ti > Cikareo-Wado. > Asa kantos ngaraosan tapi sanes dodol, mangrupi aci > nu ditamblegkeun sapertos kueh Lapis atanapi Hunkwe, > da pun nini (jenatna) sedep pisan kana eta > katuangan. Pami ningali wangunna mah sarupi sareng > gambar dina pail nangkod nu dikintun Kang Ya Ya. > > Anjeuna sok pirajeunan ngadamel nyalira, konengna > diparud diala acina, digula beureuman sareng kalapa > ngora dihijikeun, janten paitna kasilep ku kalapa > ngora, teras dikocek supados galo. > > Kedah ka Situraja mah tebih teuing atuh*. Ke ah, > InsyaAllah pami ka lembur bade sindang heula, > etang-etang babaktos ka nini. Saur pun biang mah > pami emut ka karesep sepuh nu tos ngantunkeun > utaminamah katuangan, kedah nyebat kieu,"Nini...ieu > aci koneng gede, babaktos*" bari blem diemam* heheh. > > Ro2 > > > >>> [EMAIL PROTECTED] 09/04/07 01:24PM >>> > Baraya..... > > Saha cik nu kantos ngaraosan dodol koneng gede atawa > dodol temulawak, raooosss pisan tur sae kanggo > kasehatan, palay ngaraosan? Mangga ka Pasar Situraja > Sumedang unggal enjing pasti aya nu dagang dodol > temulawak....oge mangga buka ieu web: > > http://www.netsains.com/index.php/page_info/pid_254#comment > > Sonona, > > Yaya Rukayadi, Ph.D > B504, Biomaterials Research Laboratory > Department of Biotechnology > College of Engineering, Yonsei University > 134 Sinchon-dong, Seodaemun-gu > Seoul, 120-749, South Korea > Tel: 82+2+2123+4097 > Fax: 82+2+362-7265 > Mobile: 82+10-7677-0817 > E-mail: [EMAIL PROTECTED] > Yaya Rukayadi, Ph.D B504, Biomaterials Research Laboratory Department of Biotechnology College of Engineering, Yonsei University 134 Sinchon-dong, Seodaemun-gu Seoul, 120-749, South Korea Tel: 82+2+2123+4097 Fax: 82+2+362-7265 Mobile: 82+10-7677-0817 E-mail: [EMAIL PROTECTED] __________________________________________________________ Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel and lay it on us. http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7