Pirbados satuju pisan. Local content (mulok) kasundaan kedah aya dina sagala 
format media; media cetak (buku, koran) , elektronik (radio sareng TV) malah 
mah mun tiasa ngawenku oge Internet. Masing-masing gaduh pangsa pasarna. Mulok 
dongeng dina buku (dongeng novel / dongeng komik) kanggo anu resep maca buku, 
mulok dongeng dina koran (sapertos dongeng komik atanapi cerbung) kanggo anu 
resep maca koran, dongeng radio kanggo anu sok ngadangukeun radio, sinetron 
Sunda kanggo anu sok nonton TV.

Salam,
Asep
Anu hoyong nongton sinetron Si Buntung Jago Tutugan 



trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Leres 
kukitu tea mah kang Hasan, ngan hanjakal kanyataanana weh... leuwih loba nu 
resep nongton pilm tibatan maca buku. Contona Harry Potter, loba jalma nu karek 
ningali kandelna buku ge geus wegah, aya oge nu meuli ngan ukur gayana wungkul, 
dibaca mah henteu, mending ge nongton pilmna cenah dua jam ge beres, jeung 
tibatan maca, meakeun waktu mang poe poe. 
Janten ide ieu mah ukur nyumponan kahayang konsumen, nu resep maca, mangga aya 
bukuna. Nu resep dipangmacakeun, aya dongeng pasosore na radio. Nu resep 
komik?, kamana atuh nya komik Indonesia? kalahka komik Jepang ceuyah di mana 
mana. Nu resep nongton pilm, atuh kantenan ieu mah lahan bisnis produsen pilm, 
meungpeung dunia sinetron keur naek daun.  Jeung tibatan nongton pilm nu teu 
pararuguh, mending ge nongton  sinetron "Dongeng Andi jago tutugan", kitu sanes?

kang Trias
 
Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
                                
Kang Trias...
 ceuk pangilo sayah mah, budaya tipi teh langkung  awon tibatan budaya radio 
atau budaya baca...
 budaya radio atawa budaya baca mah tiasa ngalatih  "kemampuan/daya" fantasi 
sareng kreativitas nu ngadangu atawa  nu macana...
  
 pokona mah matak pogot lah...
  
  
 ^







Asep

       
---------------------------------
Tonight's top picks. What will you watch tonight? Preview the hottest shows on 
Yahoo! TV.    

Kirim email ke