Barang si Kulup ngareret ka asla eta sora, ari pucunghul teh aya maung
sagede munding kaluar tina tukangeun tangkal... 

Gebeg..si kulup ngagebeg bakat teuing ku reuwas..

"Beu cilaka yeuh, papanggih jeung maung nu sakitu gedena. Kudu lumpat ari
kayaan siga kieu mah" hate si kulup cumarita

Sakadang maung leumpang ngadeukeutan si kulup bari matana terus mencrong
siga nu rek ngerewek.

"Emh Bapa, Ema tulungan kuring.." si kulup sasambat

Ret kakenca, ret kakatuhu anu katempo ngan tatangkalan wungkul euweuh jalan
jang pilumpateun.

Teu lila, gaur atuh maung teh ngagaur. Sorana mani tarik jeung agem.

Dina jarak 3 meter sakadang maung ngarandeg bari matana mah terus mencrong
ka si kulup.

Gajleng sakandang maung teh ngagajleng rek ngerewek si kulup. Si kulup
ngadegdeg teu bisa kukumaha.

Barang sakadang maung rek ngerewek si kulup...

 

Euuuuuuuuhhhhhhhhhhhhhhhhhh waktosna pamiarsa tos teu nyekapan.

Mangga urang tendeun di handeuleum sieum lalakon si kulup anu rek dikrewek
ku maung.

Urang teraskeun deui enjing. Hatur nuhun ka sadayana.

Permiossssssssssssss

 

Reply via email to