awas mun teu diteruskeun isukan...
kudu nyambung nepi ka tamat eta dongeng teh...
heueuh ?


-dul-


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Dulhalim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Barang si Kulup ngareret ka asla eta sora, ari pucunghul teh aya 
maung
> sagede munding kaluar tina tukangeun tangkal... 
> 
> Gebeg..si kulup ngagebeg bakat teuing ku reuwas..
> 
> "Beu cilaka yeuh, papanggih jeung maung nu sakitu gedena. Kudu 
lumpat ari
> kayaan siga kieu mah" hate si kulup cumarita
> 
> Sakadang maung leumpang ngadeukeutan si kulup bari matana terus 
mencrong
> siga nu rek ngerewek.
> 
> "Emh Bapa, Ema tulungan kuring.." si kulup sasambat
> 
> Ret kakenca, ret kakatuhu anu katempo ngan tatangkalan wungkul 
euweuh jalan
> jang pilumpateun.
> 
> Teu lila, gaur atuh maung teh ngagaur. Sorana mani tarik jeung 
agem.
> 
> Dina jarak 3 meter sakadang maung ngarandeg bari matana mah terus 
mencrong
> ka si kulup.
> 
> Gajleng sakandang maung teh ngagajleng rek ngerewek si kulup. Si 
kulup
> ngadegdeg teu bisa kukumaha.
> 
> Barang sakadang maung rek ngerewek si kulup...
> 
>  
> 
> Euuuuuuuuhhhhhhhhhhhhhhhhhh waktosna pamiarsa tos teu nyekapan.
> 
> Mangga urang tendeun di handeuleum sieum lalakon si kulup anu rek 
dikrewek
> ku maung.
> 
> Urang teraskeun deui enjing. Hatur nuhun ka sadayana.
> 
> Permiossssssssssssss
>


Kirim email ke