muhun mama..ku abdi diregepkeun

kebo


  ----- Original Message ----- 
  From: ndoell 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, September 28, 2007 2:50 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Kanyaah Indung - Bapa


  matakna...
  kudu nyaah ka kolot teh.

  -dul-

  --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Kebo Hideung" <[EMAIL PROTECTED]> 
  wrote:
  >
  > Kanyaah Indung - Bapa
  > Ditulis ku: Kebo Hideung
  > 
  > Gubrag ka alam dunya, koceak dengekna jentre meupeuskeun 
  jemplingna peuting.
  > Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot. 
  > Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun, 
  > Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna 
  > Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.
  > 
  > Belenyehna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot, 
  > Rengkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot. 
  > Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya 
  hinggana, 
  > Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik. 
  > Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun 
  nalangsa, nalangsa pinuh ku kanyaah.
  > 
  > Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah
  > Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu
  > Bapa kuring anu ngabeberes masalah kuring
  > Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring
  > 
  > Ayeuna kuring geus gede
  > Ayeuna kolot kuring geus rarempo
  > Asa can pernah kuring mulang tarima
  > Nu aya ngan ngaririweuh jeung mere kapusing anu jadi kolot
  > 
  > Boh indung kuring atawa bapa kuring
  > Dugi kaayeuna kanyaahna teu pegat-pegat
  > Kajeun jauh ditungtung lembur
  > Kajeun anggang ti pakarangan
  > Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna
  > 
  > Duh...Ema, Bapa hampura kuring
  > kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot
  > ----------------------------------------------------------
  ----------
  >



   

Kirim email ke