Amin...amin...amin, hatur nuhun pidoana. Baruk akang teh urang kuningan, sae 
kuningan mah seueur oleh-olehna. Sapertos peuyeum ketan anu dibungkus ku daun 
jambu,.....raos kang, tasik mah naonnya...? piraku kang Geni tukang 
kiridit...he he, ah da enya didieu ge, angger wae tukang kiridit mah uarng 
tasik.
  Yu kang urang tepang, engkinnya di HBH, matak resep geura.
   
  Punten, kasadaya baraya ieu mah sapertos chating. Tapi da kumaha upami teu 
silih taros diieu lembur moal resep sanes kitu kang Geni...!
   
  Wassalam
   
  ipeut

Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      Teteh aduh meni hilap ka abdi  :)  ketang patepang raray oge teu acan 
hehehehe
  Teh abdi mah Utas (Urang Tasik) asli mah ti Kuningan palih wetan nyaeta ti 
Cibingbin Kuningan, ngan ayeuna mah tos di Tasikmalaya aya kana 14 tahun mah di 
Tasik. Janten lembur teh asa gaduh dua hehehehe    Mimih sareng Bapak mah 
kaleresan di Kuningan, alhamdulillah daramang.
   

  Muhun teh mugia almarhum oge almarhumah sepuh teteh, ditempatkeun di tempat 
anu kenging pangridho ti Gusti Anu Maha Suci, dihapunten sanes kanten dosana 
amin..
   
  baktos
  Kebo/Geni
   
    ----- Original Message ----- 
  From: indung peuting 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, September 28, 2007 9:05 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Kanyaah Indung - Bapa
  

      Alhamdulilah si teteh ge walagri, urang mana kang Geni teh..?
  Kanyaah indung mah , moal bisa dipulangtarimakeun, matak kedah nyaah ka sepuh 
ulah dilalaworakeun. 
  Siteteh mah tos teu araya sepuh teh, mung tiasa ngadoa kanggo aranjeuna. 
Kantun nineung, kapungkur nuju aya keneh sok ngahaja nganjang ngalongok sepuh, 
najan jauh oge sok dijugjug, komo ayeuan mayunan lebaran ..Omat kabaraya anu 
masih keneh kagungan sepuh, kedah sungkeum ka indung sareng ka bapa, tos teu 
araya mah kantun kaduhung can mulangtarima. Mimih, apa hapunten abdi seueur 
dosa. 
  Mugia aranjeuna dipasihan caang padang dialam kubur, ditampi iman islamna 
dihapunten sadaya kaleupatannana....amin
   
  Wassalam
  ipeut

Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    ehem..aya Teh Ipeut..  (curinghak)
  Alhamdulillah Teh sae, kumaha Teteh sehat? mudah2an sehat
  Ah..eta mah gerentes hate Teh... :)
   
  baktos kebo
   
    ----- Original Message ----- 
  From: indung peuting 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, September 28, 2007 2:00 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Kanyaah Indung - Bapa
  

      Tiasaan ..........
  Damang kang Geni
  Nembe nganjang deui ka ieu lembur, seueur anu enggalnya baraya teh, 
nepangkeun kasadaya baraya si teteh aya di wetan.
   
  Wassalam
   
  ipeut

Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Kanyaah Indung - Bapa
  Ditulis ku: Kebo Hideung
   
  Gubrag ka alam dunya, koceak dengekna jentre meupeuskeun jemplingna peuting.
  Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot. 
  Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun, 
  Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna 
  Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.
   
  Belenyehna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot, 
  Rengkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot. 
  Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya hinggana, 
  Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik. 
  Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun nalangsa, nalangsa 
pinuh ku kanyaah.
   
  Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah
  Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu
  Bapa kuring anu ngabeberes masalah kuring
  Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring
   
  Ayeuna kuring geus gede
  Ayeuna kolot kuring geus rarempo
  Asa can pernah kuring mulang tarima
  Nu aya ngan ngaririweuh jeung mere kapusing anu jadi kolot
   
  Boh indung kuring atawa bapa kuring
  Dugi kaayeuna kanyaahna teu pegat-pegat
  Kajeun jauh ditungtung lembur
  Kajeun anggang ti pakarangan
  Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna
   
  Duh...Ema, Bapa  hampura kuring
  kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot
  -----------------------------------------------------------------------------
   
   
   

  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 



  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

 

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke